**************************************************************
Bismillah!

Haturan sakumna baraya nu aya dina jejer ieu!
Mugia urang sadaya aya dina ginanjar kawilujengan, amin!

-Bubuka-
".........Tapi, engke jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya nu
laleungit kapanggih deui, nya bisa, ngan mapayna kudu make amparan.
Tapi anu marapayna loba nu arieu aing pangpinterna. Mudu aredan
heula..........."

Ti sababaraha minggu katukangkeuneun, sim kuring  merhatoskeun....komo
ti saprak ayana kongres di cimalati, di ieu Nagri KUSnet
([EMAIL PROTECTED])/ NK  (Haturan Ua Sas) asa rame
pisan....... meuni pating gorenyang, pating paciweuh, timana-mendi
daratang boh nu anyarna bok nu lawasna, ... sigana satria pinandita
atawa pinandita satriana keur  tarurun, araub di ieu NK. Gerentes hate
teh siga na ieu teh salah sahiji wancihna di Uga-keun ku Kang Prabu
Jayadewata tea, kituh?

Sigana deui ceuk kuring, Kang Prabu teh keur nyumebarkeun wawangina ka
NK  Tti dayeuh Bandung ka Bogorkeun ka Seoulkeun ka Jawa, Eropa,
Kalimantan, Jepun, Banten, Cerbon jeung sabudeureuna, ka Batam keun ka
Sumatra ka Amerika, saeutik ka ostrali, ka Afrikakeun ka Timur Tengah,
ka Monggol keuneun ka Pacifique ka Papuakeun balik deui ka Jakarta,
duka ah kumaha runtuyan saleresna mah jeung kamana deui engkena teh
........

Ngabandungan ti saprak ilubiung di ieu NK, ceuk si kuring teh ningan
satekah polahna US di ieu NK teh ngaragem pisan......aya nu sonagar
aya oge nu kulamat-kelemet. Aya nu teugeug aya nu
handap asor. Aya nu benduan, aya oge nu jembar manah. Aya nu
saliwatan, aya oge nu mayeng. Aya nu diajar, aya oge nu
ngajar........... tapi harita teh, rasana mah aya oge nu teu betah,
aya oge nu teu malire, aya oge nu inggis ngadegna ieu NK teh!.

Kulantaran urang mah niatna oge lain keur misah ti NKRI, lain keur
ngagogorengkeun batur, lain keur kapentingan sewang-sewangan......
saukur hayang ngubaran kasono ka tatar, hayang ngarasaan kareueus jadi
US, hayang ngabela jeung nyumbang bakti ka lemah cai urang.....jadi ti
mangsa ngadegna NK, ayeuna jeung jaga engke pageto... sugan bae NK
urang ieu teh jadi salah sahiji amparan nu di sebut dina Uga Kang
Prabu tea, amparan nu mangfaat keur samudaya US, jeung  NKRI umumna
mah! Amin!

-Jalaloka KUSnet-(Haturan Kang Kandar)
Asa aya karingrang..... asana mun para satria jeung panditana nu
boga kasaktenan di ieu NK teh ngan ngukut atawa ngokola
sewang-sewangan eta kasaktenan teh, sigana jauh taneuh ka langit, mun
tea mah urang teh boga kahayang keur ngahontal kananjungan sunda
sapuratina 2015 tea (Haturan Kang Tirta).

Ayana JK (Jalaloka KUSnet-http://www.urang-sunda.or.id/) ceuk sim
kuring mah salah sahiji fungsi na teh pikeun pabukon alam maya (hese
keneh padanan BS na) ti urang pikeun urang jeung balarea. Nya timana
atuh ari disebut pabukonmah buku-buku na teh?.....nya tina :
1. mairan-mairan para satria jeung pandita tea [dumasar galeugeunjeur
alamiah pisan. kumaha leokna angin jeung ngamalirna cai susukan
(Haturan Mang Hasan)],
2. ngaitkeun ka JK, jalaloka-jalaloka nu dipibanda ku satria &/
pandita urang (nu geus aya sewang-sewang),
3. ngaitkeun ka JK, jalaloka-jalaloka nu dipibanda ku ki sunda, nu
aya patula talina jeung ki sunda jeung kasundaan urang. (asana teh
tadi aya kakait jalaloka Persib di JK teh)

-Jejer Diskusi-
Lamun di tengetan mah ningan eusi mairan-mairan di NK, boh dina
dariana boh dina henteuna kitu oge nu heureuy na, ningan eusina teh
remen ku kasaluyuan jeung panganjen nu kasebut SILAS tea (teu keur
kapentingan sewang-sewangan), kituna oge eusi jejer teh teu kawilang
remen ku panemuna, boh ditilik tina widang politik na, sosial na,
agama na, komo kabudayaan jeung bahasa mah.

Kukituna sigana kaayaan JK teh kudu leuwih aktif jeung dimangfaat keun
sangkan urang teh teu papencar, teu sewang-sewangan. Kuring  mah boga
kahayang teh :

1. Sugan bae mairan-mairan ti NK teh bisa di pilah-pilah terus
diasupkeun ka JK dina rohangan keur politik, agama, budaya, bahasa,
pangalaman baraya, jrrd [sigana mah aya, tapi can lumangsung hirup
(up-dated)].
2. Kapan JK teh amparanna NK lin?... kukituna sugan bae atuh aya
rohangan samisal "Padungdengan minggu kamari" atawa "gunem catur
minggu ieu", atawa naon bae nu

sifatna robah tiap minggu 

sangkan bisa narik minat keur saha-saha nu ngaliwat ka JK (keur US
khususna mah) jadi bisa miluan mairan [pedah harita si kuring
ngajakan salah sahiji US nu luhung elmu IT na, ditembal teh...mun teu
loba mangfaat na mah keur naon cenah!, tapi kukuring teh di jawab yen
urang teh kudu boga kahayang keur majukeun US jeung TS ku kabisa jeung
sarana nu ku urang piboga, malahan mah harita pisan kuring ngabejaan
ka manehna yen urang teh keur taki-taki nek ngahanca digitalisasi
al-quran vesi sunda jeung naskah-naskan kasundaan [numutkeun obrolan
sareng Ua Oman harita (Haturan Ua manAr)]....si manehna teh meuni
reueus dicaritakeun ku kuring kitu teh....cenah ke atuh nek nyoba
ningalian heula........tapi nepikeun ka ayeuna teh asana mah can
pernah si manehna mairan, teuing tapi mun ngalongokan mah.... nek
ditanyakeun atawa menta  bantuan ka manehna rada era oge, da harita
teh pernah nanya (nga-PM/off line), naha cenah JK teh, teu usik-usik
siga nu keur sare?]
3.Sigana oge padungdengan dina saminggu atawa babaraha minggu nu masih
rame keneh, saenya na perlu ditata meh merenah. Si kuring sakapeung
sok binggung mun nek mairan teh... tu da pernah jejer na teh daria
pisan tapi pas diilo teh ningan ngarobrol keur
jarangjian.(ambuing...mun diwarung mah sok bae lah..heuheuehu)
Ari di NK mah ningaan baraya urang teh teu sakabeh na bisa mairan dina
waktu jeung poe nu sarua/ matuh, tapi ngamoderatoran (naon tuh BS na
teh? ngalongseran kituh? pedah ti moderator dihartikeun Ki Lengser ku
sikuring mah, heuheuheu.......punten ah pang merenah keun)
mairan-mairan dinu jejer teh (komo nu daria mah) kudu jeung perlu, mun
urang teh satemena boga kahayang nek ngokolakeun NK jeung JK teh ku
cara nu perceka (profesional) (keun bae ah! warung mah paranti urang
miceun sutres ambeh urang teu dusunan/minder pangpangna
mah....heuheuheu).
Ku kituna kudu dihanca ku kadariaan nu saluyu jeung kaayaan (fleksibel
kituh?) siga kamari salah sahiji picontoeun teh, enya! hancaaan
babarengan salah sahiji naskah kasundaan urang. Intina mah, babarengan
tapi teu ngabeuratkeun jeung teu di beungbeuratan........ jadi nya
kitu oge jalanna KL (Ki Lengser) teh (diserahkeun ka forum) jeung deui
kudu nguriling pancenannana teh, jadi dina hiji jejer teh bisa bae aya
dua atawa tilu KL, nu mana KL nu ka hiji nu merenah keun, dua deui
keur cadangan. Minggu hareupna ganti deui, kitu jeung kitu jadi
sakalian urang diajar jeung ngajarkeun ka urang ti urang tea, kumaha
ngalongseran jeung jadi Lengser teh.

-Nagri KUSnet- (Haturan Ua Sas) 
Kahayang teh (loba kahayang nya..heuheuh!, keun bae ah! mangpang
meungpeung, keur aya baraya keneh) lamun samisalkeun ieu teh Nagri,
pikacontoeun nu hade ti karuhun urang teh bisa oge
dipateakeun di alam maya (hmmm... naon nya BS na). Contona mah
Tritangtu di bumi tea (kitu sanes!, punten pang lereskeun). Mun kitu
mah, atuh saha nu kudu jadi Rama teh, saha nu jadi Resi teh kitu deui
saha nu jadi Prabu teh???.....Ceuk kuring teh, sigana teu kudu di
tunjuk atawa nunjuk, sawatara ieu mah, kumaha prak na bae ngalir..... 
kapan nu ngaranna kyai oge jadi na teh kumaha satekah polahna eta
jelama, teu sing disebut kyai mun teh eta jelema teh baragajul jeung
mere conto nu teu baleg..... nya ari kitu mah sok atuh der atuh ka
baraya, kasaktenan teh geura di silih keun ka baraya nu lianna .....
ke oge bakal katohyan mana nu pantes di sebut Rama, Resi atawa
Prabu!.... atawa beurat teuing kituh ieu istilah teh.... nya mun kitu
mah, saluyukeun bae ku istilaah nu lianna nu saluyu jeung kaayaan
jaman ayeuna.

-Panutup-
Nanaon oge teu enteng mun ku sorangan mah, nanaon oge teu beurat mun
babaraengan mah. Seug atuh nu di dayeuh Bandung, Banten, Batam,
Cerbon, Jakarta, nu di jero jeung di luar tatar, urang bantuan tah ki
kuncen dina ngokolakeun ieu JK teh, urang pada-pada silih wangi
sangkan eusi ieu JK teh bisa hirup  terus unggal usik jeung bisa
manggfaat leuwih hade. Amin!

Hapunten nu kasuhun!


-pun adi-
***********************************************


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke