hehe. punten atuh ari kirang katampi mah. ari paniatan
mah asana, maksudna sanes kadinya losna. maksud mah
nya seja ngawangkong masalah basa. pedah cenah saur
para inohong kusnet, salah sahiji tujuan ieu milis teh
pikeun mulasara basa. jigana upama aya komentar
sapertos nu ditepikeun ku pribados atawa saha wae anu
sarupa, mending ditilik dina raraga 'diskusi'
kabahasaan. 

aya pandangan sejen, nya hayu urang diskusikeun. aya
kasauran kang ayip kamari, basa nampi hadiah
kabudayaan, kira-kira kieu "... pikeun jadi manusa
indonesia, teu kudu kaluar jadi urang sunda ..." tah
asana postingan kuring teh maksudna dina raraga eta.
sanes maksud belikan, komo deui nyabit-nyabit
asal-muasal.

kuring satuju pisan, urang kedah nyonto tokoh-tokoh
anu disebatkeun. tangtos dugi ka aranjeuna ayeuna
janten tokoh teh sanes lalampahan kejat borosot. perlu
proses anu panjang. perlu komitmen jeung gawe
soson-soson. hayu atuh urang soson-soson dina widang
sewang-sewangan. sugan we atuh urang sadaya oge baris
aya anu jadi tokoh "wayah kiwari", eh "jaman kiwari".

salam,
mh
 
--- putra mandiri <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kang eM Ha,
>  
> Kumaha ari si kang em Ha teh??... wayah kiwari masih
> keneh weh ngobrolkeun "wayah kiwari" ??? Wayah
> kiwari mah hayu atuh sakumna ki sunda "wayah kiwari"
> geura "sadar" tur ngarunjat tinu sare ka papanjangan
> : rebut deui ngaran seungit Urang Sunda di kancah
> perpulitikan nasional !!!  conto Prabu Siliwangi ! ,
> Conto Mohammad Toha !, conto Otto Iskandar diNata !
> conto Kang Erry RH ! conto Kang Ajip Rosidi !  sanes
> hayoh weh ngagugulung "wayah kiwari" ?!?!?!?
>  
> Wayah kiwari mah, urang sunda teh ulah belikan, ulah
> gampang ngomentaran bari jeung pedit laku lampah....
> wayah kiwari mah urang sunda teh perlu conto nu
> nyata!!.... conto kana kahadean...
>  
> Sanes "wayah kiwari", urang sunda mah  masih
> keneeeeh weh ngomong "wayah kiwari" ?!?!?!?!
>  
> Atawa,  boa-boa na mah urang sunda ti blok "garut" 
> nya nu mineng ngomentaran permasalahan  "wayah
> kiwari" ???  hehehehehe..... ( rumasa da sim kuring
> mah asalna ti Tasik - Ciawi)
>  
>  
> btw, thx for your comments !
>  
> warm regard,
>  
> Yadi Setiadi
> Melbourne, Victoria
>  
> 
> 
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> asa mindeng ninggal istilah "wayah kiwari"
> digunakeun
> pikeun maksud anu saharti jeung "jaman ayeuna".
> upama
> ninggal kabiasaan bahasa lisan gunem catur
> masyarakat,
> biasana istilah "wayah kiwari" digunakeun pikeun
> panunjuk waktu anu sipatna tangtu, misalna
> isuk-isuk,
> beurang, sore, atawa peuting. jiga dina kalimah,
> "dasar budak ngedul, wayah kiwari kakarek hudang." 
> 
> pikeun nunjukeun waktu anu teu tangtu mah, biasana
> jarang digunakeun istilah "wayah", tapi sok make
> istilah "jaman". jadi jigana keur kalimah jiga kieu:
> 
> 
> "Mangga dijadikeun tuladan [deui] keur sakumna US
> jeung Ki Sunda wayah kiwari...."
> 
> langkung anteb upama kecap "wayah kiwari" diganti ku
> "jaman kiwari". wallahualam.
> 
> salam,
> mh
> 
> 
> 
>             
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.
> 
> http://promotions.yahoo.com/new_mail 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> Yahoo! Terms of Service. 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Meet the all-new My Yahoo! � Try it today! 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
The all-new My Yahoo! - Get yours free! 
http://my.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke