Kang Waluya, Kang Jaka, sareng nu sanesna,
Nembe oge milarian BEBENERAN nya, teu acan dugi ka BENER-na, tos
sakitu haresena. Dina lebah dieu matak reueus ku basa Sunda/Urang
Sunda anu gaduh "kosa kata" anu khusus, nyaeta BEBENERAN
nyanghareupan kecap BENER. Nuduhkeun handap-asorna dina ngaku hiji
hal salaku "BENER", ku kecap "BEBENERAN". Sabab anu anu hak ngaku
BENER mah anging anu gaduh "BENER" satemena. Salawasna, salami dina
usaha nanjeurkeun "BENER", pikeun manusa, anu geus kahontal teh
disebutkeuna: BEBENERAN. Oge ayana kecap eta teh mere lolongkrang
hiji waktu, bisi aya bukti anu leuwih merenah, ngarojong "BEBENERAN"
anu sejen.
Perkara ebrehan (B. Ind: pernyataan/statement resmi) IAGI
ngeunaan "pencemaran" di Buyat, bisa jadi kitu. Ieu teh dibuktikeun
ku kanyataan geologi, yen "pencemaran" teh bisa diakibatkeun karana
kaayaan alam di sagigireun kulantaran paripolah jelema. Upamana bae,
di daerah Sulawesi Selatan, pernahna pisan di daerah Malili-
sabudeureun Soroako (tambang Nikel Indonesia anu kawentar), taneuh
jeung batu di dinya teh ngandung unsur krom anu rada luhur. Ari krom
tea kaasup B3 (bahan beracun dan berbahaya, khususna krom valensi 6).
Aya pangalaman si kuring waktu panalungtikan di daerah transmigrasi
di Malili, Sulawesi Selatan. Harita teh keur kuliah neruskeun,
minangka na mah; dosen nu ngambimbing teh oge salah saurang
konsultan di departemen Transmigrasi. Ieu juragan dosen teh hiji
waktu meunang tugas ti dep. transmigrasi, kudu nalungtik cai taneuh
anu jadi sumber cai keur nginum sapopoe penduduk lokasi transmigrasi
Malili, pedah ceuk cenah eta cai teh keuna ku "pencemaran" unsur
krom (sok sanajan di lokasi transmigrasi eta teu aya industri naon-
naon, atuh ka Soroako oge tebih, aya kana 60 km-na; ngan geologina
(batu jeung taneuh) ampir sarua jeung geologi daearh Soroako). Nya
juragan dosen teh nawaran ka si kuring nalungtik cai taneuh di eta
patempatan. Si kuring nyatujuan, lumayan keur pangalaman oge keur
nambahan saku beaya kuliah.
Urang bantun ringkesna bae. Saba'da ngayakeun panalungtikan
lapangan, ngabantun cai minangka conto ti sababaraha tempat di eta
wewengkon, jeung mariksakeun eta cai-cai conto ka laboratorium anu
kapercaya di Bandung, kabuktian yen di sababaraha sumur penduduk
jeung hulu cai di lokasi transmigrasi Malili teh keuna
ku "pencemaran" unsur kromium, malah air raksa oge aya; geus lir ari
unsur nikel mah kacida luhurna. Tangtu bae ieu unsur-unsur pencemar
teh ti alam, da di sabudeureun eta lokasi teu aya industri naon-
naon. Kacindekan tina panalungtikan eta dugi ka ngabatalkeun program
transmigrasi di eta tempat.
Jadi, kalan-kalan, kasalahan manusa anu migunakeun tempat-tempat anu
sacara alami teu hade keur kahirupan, bisa nimbulkeun "kasus
pencemaran". Upamana bae, cai taneuh di wewengkon antapani jeung
sabudeureunana sabenerna rada ngandung kadar beusi anu luhur (kajaba
upama cai taneuh teh asalna tina sumur anu jerona leuwih ti 80 m).
Eta teh kaasup "pencemaran alami". Nyakitu deui, upama urang
ngawangun paimahan di wewengkon anu sabenerna sacara alami
ngarupakeun daerah muara cai (tempat handap, panampungan banjir
alami atawa kerenna mah: tempat dimana energi banjir jadi 0) tangtu
eta paimahan teh kaancam banjir unggal taun. Upama kajadian kitu,
anu salah teh lain alam, tapi paripolah manusa.
Ngeunteung tina sababaraha kajadian di luhur, bisa bae di Buyat oge
atawa di daerah-daerah sejenna-kaasup di Jawa Barat-aya "pencemeran
alami". Sok sanajan kitu, keur nangtukeun BEBENERAN tea,
panalungtikan leuwih jero tangtu diperlukeun.
Baktosna,
manAR
--- In [EMAIL PROTECTED], joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Memang, saBENERna, lamun urang rek nangtungkeun
> BEBENER, nya kudu wani ngomong BENER, ngalawan nu teu
> BALENER, nu ulah teh ngomong TEU BENER nyebutkeun nana
> BENER (ngupayakeun "PEMBENARAN" ku cara naon wae, anu
> ceuk kuring mah ayeuna loba dilakukeun ku para "ELIT"
> utamana di pangadilan). Mudah2an hasil panalitian IAGI
> eta teh lain kaasup nu ngupayakeun "pembenaran" tadi.
> Lamun ieu nu BENER sakudu mah ditarima ku balarea,
> ulah ngayang meunang jeung BENER sorangan.
>
> Wassalam
> Jaka
>
> --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >
> >
> > Sababraha poe katukang kuring meunang Press Release
> > ti IAGI (Ikatan
> > Ahli Geologi Indonesia) anu keur kongres di Bandung
> > perkawis
> > pencemaran di Buyat (Kang Oman jigana ngiringan).
> > Ceuk para ahli
> > geologi ieu kandungan arsen nu gede di sumur-sumur
> > penduduk acan
> > tangtu diakibatkeun ku pertambangan, tapi tiasa oge
> > ku faktor-faktor
> > alam (geus aya tidituna, sanes pagawean
> > jelema/artificial) sareng
> > acan tangtu arsen ieu dina sanyawa anu ngabahayakeun
> > jalmi. Jadi
> > ribut soal "pencemaran" di Buyat sulut teh kudu
> > ditaliti anu bener.
> >
> > Ngan orakaya, kasus Buyat ieu, geus dibewarakeun
> > gede-gedean ku
> > media, Opini geus nuduh PT Newmont anu salah,
> > miceunan limbah
> > sagawayah, nepi ka pulisi geus nangkepan tersangkana
> > dina pencemaran
> > di Buyat nyaeta para karyawan PT Newmont (akhirna
> > jadi tahanan
> > kota). Kasus ieu tungtungna jadi kasus politik. Dina
> > politik tea, nu
> > bener bisa jadi salah, nu salah bisa jadi bener.
> > Press Release ti
> > IAGI ieu ceuk kuring mah, kaasup wanian, sabab
> > nantang opini nu geus
> > kabentuk di masyarakat, yen Pausahaan tambang anu
> > salah (PT Newmont).
> >
> > Nyanggakeun press release IAGI dihandap ieu:
> >
> > PRESS RELEASE
> > IKATAN AHLI GEOLOGI INDONESIA (IAGI)
> >
> > Dalam Rangka Pertemuan Ilmiah Tahunan - 33 dan Rapat
> > Kerja Nasional
> > 2004
> > Bandung, 1 Desember 2004
> >
> > BUYAT
> > Kasus Buyat telah merebak dan menjadi pembicaraan
> > beberapa bulan
> > terakhir ini. Media massa memberitakan kasus ini
> > dengan gencarnya
> > dari berbagai sudut pandang. Masyarakatpun mungkin
> > menjadi
> > kebingungan dalam memahami
> > kasus yang berlarut-larut ini.
> >
> > Panjang dan berlikunya kasus ini dikarenakan adanya
> > pergeseran-
> > pergeseran topik: dari kasus penyakit Minamata,
> > kasus pencemaran
> > merkuri di darah, kasus pencemaran Teluk Buyat,
> > kasus perijinan
> > tailing sampai terakhirnya kasus tingginya arsenik
> > di sumur
> > penduduk. Dimana semua ini bermuara pada suatu
> > praduga keterkaitan
> > dengan adanya kegiatan penambangan. Panjang dan
> > berlikunya kasus ini
> > juga karena tidak lagi berada dalam wilayah teknis,
> > tapi telah
> > bergeser ke sosio-ekonomi-politis.
> >
> > Bahwa terjadi pemberitaan adanya penduduk daerah
> > Buyat Pante yang
> > terkena penyakit "aneh". Bahwa ada kegiatan
> > penambangan yang
> > menempatkan tailing tambangnya di teluk Buyat. Namun
> > hubungan
> > kegiatan penambangan dengan penduduk yang terkena
> > penyakit "aneh"
> > ini memerlukan kajian dan penelitian detil.
> >
> > IAGI sebagai organisasi profesi dan masyarakat
> > ilmiah perlu
> > memberikan pendapat ilmiah dari sisi ilmu
> > kegeologian dan cabang
> > ilmu geologi yang terkait.
> >
> > 1.Penambangan berwawasan lingkungan menjadi suatu
> > keharusan di dalam
> > industri ekstraktif dan merupakan bagian integral
> > bersamaan dengan
> > nilai ekonomi, keselamatan dan kemasyarakatan.
> >
> > 2.Kajian IAGI terhadap 12 hasil penelitian di daerah
> > Buyat dan
> > sekitarnya menunjukkan secara umum tidak adanya
> > kadar unsur (logam
> > berat dll) yang melebihi "standard baku mutu".
> > Ditemukan kadar
> > arsenik yang tinggi di beberapa sumur penduduk Desa
> > Buyat. Terhadap
> > nilai arsenik tinggi di beberapa sumur penduduk ini,
> > IAGI melihat
> > adanya beberapa kemungkinan sumber penyebab yang
> > berkaitan dengan
> > kondisi geologi dan hidrogeologi daerah setempat
> > yang memerlukan
> > penelitian lebih lanjut.
> >
> > 3.Untuk memahami karakteristik air tanah hubungannya
> > dengan kadar
> > arsenic yang tinggi, IAGI sangat mendukung
> > diadakannya penelitian
> > geologi yang komprehensif, melibatkan ahli
> > hidrogeologi, ahli
> > geologi lingkungan, ahli geologi mineral, ahli
> > geologi medikal dan
> > lain lain, yang diharapkan akan bisa menjawab "path
> > way" kadar
> > arsenik yang tinggi di sumur penduduk dan
> > kemungkinan hubungannya
> > dengan sumbernya. Yang perlu dicatat adalah bahwa
> > tingginya kadar arsenik belum tentu bersifat
> > berbahaya apabila jenis
> > arsenik-nya adalah arsenik stabil (bukan un-stable).
> > Sebagai
> > hipotesa awal: tipe deposit ("sediment hosted gold
> > deposit"
> > dan "epithermal gold deposit") dan batuan sarang di
> > daerah
> > penambangan dan sekitarnya adalah memang berkadar
> > arsenik tinggi.
> > Hal ini serupa juga dengan tipe mineralisasi dan
> > alterasi
> > hidrotermal yang umum dijumpai di daerah Minahasa
> > maupun Lengan
> > Utara Sulawesi. Sehingga kadar arsenik tinggi
> > terjadi karena adanya
> > suatu proses alami geologi.
> >
> > 4.Terhadap kandungan logam dasar di sedimen laut dan
> > sungai, IAGI
> > melihat adanya keterkaitan dengan kondisi geologi
> > daerah setempat
> > yang secara alami mengandung kadar logam teranomali
> > akibat proses
> > mineralisasi
> > hidrotermal. Hal ini dapat dilihat dari data rona
> > awal sedimen ini.
> > Perlu dicatat juga bahwa kandungan arsenik dan
> > merkuri sample
> > sedimen di Sungai Totok lebih tinggi dari kandungan
> > sampel sedimen
> > di Sungai Buyat. Demikian juga kandungan merkuri di
> > sedimen Teluk
> > Totok lebih tinggi dari kandungan di Teluk Buyat.
> >
> > 5.Standarisasi baku mutu sedimen akan sulit
> > dilakukan karena adanya
> > keterkaitan dengan kondisi dan proses geologi yang
> > sangat bervariasi
> > dari suatu tempat ke tempat lain.
> >
> > 6.Tercemar atau tidak tercemarnya suatu daerah oleh
> > suatu unsur
> > kimia haruslah berdasar pada kajian komprehensif
> > dengan
> > membandingkan dengan hasil studi rona awal dan juga
> > dengan standard
> > baku mutu yang berlaku.
> >
> > Demikian pendapat ilmiah IAGI berdasarkan kajian
> > data-data hasil
> > penelitian pada Kasus Buyat yang ada. Semoga dapat
> > lebih memperjelas
> > duduk persoalan kasus ini.
> >
> > Bandung, 01 Desember 2004
> > Ikatan Ahli Geologi Indonesia (IAGI)
> >
> > Dr. Ir. Andang Bachtiar MSc.
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
> > --------------------~-->
> > $4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
> >
> http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
> >
> -------------------------------------------------------------------
-~->
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda -->
> > http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> === message truncated ===
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/