Alaikumsalam kang ali, elueh nambah deui baraya caket. Nepangkeun abdi nia, abg keneh ( can insyaf2 ieu mah ), kawit ti majalengka oge.. mung ti gunungna pisan ( enya ceuk urang majalengka pami lemburkuring teh gunung ), pastina mah abdi teh...ti bantarujeg ( sajam ti talaga )...anggap wee majalengka.
Ayeuna kos di tangerang, damel di perusahaan swasta. Nia -----Original Message----- From: ali_ramadhan ramadhan [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, December 07, 2004 10:02 AM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: [Urang Sunda] Nepangkeun... Assalaamualaikum wr. wb. Nepangkeun wasta pun Ali Ramadhan. Yuswa 41 taun. Ari lahir mah di Bandung. Ti taun 1966-1969 ngiring ka pun Bapa Kol. Bustomi Burhanuddin, tugas Atase Militer di Manila. Nanging ti barang dikantunkeun maot nyaeta ti kelas 2 SD dugi ka SMA (1970-1981) ngiring ka pun biang Ibu Eharetna Burhanuddin mulih ka kota asalna : Majalengka. Ari ditanya pituin ti mana, sim kuring sok ngajawab ti Majalengka bae.Lamun disaha-saha ku kasepuhan di Majalengka, sim kuring sok ngaku incuna alm. Bapa Camat Arnali. Tah, moal bireuk deui. Dina taun 1981 sim kuring balik deui ka Bandung, tolabul ilmi di Fisip jurusan HI Unpad. Samemehna kungsi di Akpernas (ayeuna Unbar) mung teu dugi ka rengse. Ti saprakna lulus ti Unpad, sim kuring jadi kuli di Asuransi Bumiputera (1988), Hotel Kumala (1989-1994), Developer Raya Incorp (katelahna PT Margahayu Raya tea) (1994-2001). Ti taun 1998 nepi ka ayeuna sim kuring ngahonor jadi "Umar Bakri" di sababaraha paguron di antarana : Poltek LP3i di Jl. Pahlawan, Poltek LPKIA di Jl. Soekarno Hatta sareng di Poltek Ganesha/STIE PN.Sim kuring ku Gusti dipaparin dua anak awewe, duanana can sarakola, ma'lum kakara umur dua jeung tilu taun. (Bubuhan telat kawin jeung eta deui dicoba ku Nu Agung, tujuh taun ngantosan si utun injina teh.) Ari pun bojo mah wasta pun Endah, angger hiji bae.. he, he.. (alhamdulillah ketah). Sim kuring resep kana Basa Sunda ti bubudak keneh. Ari ayeuna mah sok kapapancenan jadi MC atawa wawakil ti kulawarga pikeun nepikeun biantara (kawas Andi Mallarangeng-na dina kapresidenan SBY) khususna dina acara ngalamar, syukuran jrrd. Alamat sim kuring sakulawarga di Jl. Margawangi Selatan IV/196. Caket bumina Kang Ibing sareng Pa Mamat (nu gaduh Rumah Baca tea). Tah sakitu anu patalina sareng diri sim kuring. Manawi tiasa nyambungkeun tali silaturahmi sareng anggota Kusnet sanesna. Diantos pisan. Mangga. Wassalamu'alaikum wr. wb. ________________________________________________________________________ Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

