Para wargi,
 
Ceuk saha acara-acara tv di urang teu aya pulukaneunana? (hapunten pa Menteri Pertanian, ayeuna rupina heunteu sadaya acara tv awon). Sagigireun acara warta, elmu pangaweruh (dunya sasatoan, upamana), jeung acara alus sejenna, ayeuna aya acara tv anu ceuk rarasaan mah kacida alusna jeung ngandung sababaraha hal anu picontoeun. Acara eta teh taya lian ti "Bedah Rumah", "Tolong", jeung "Uang Kaget", disingket bae: BTU.
 
Tiluanana tina acara BTU teh kaasup acara  bagi-bagi hadiah. Ngan aya bedana jeung acara bagi-bagi hadiah sarupa. Dina BTU mah teu aya praktek eliminasi atawa pamilih panongton. Dina acara BTU, estuning anu boga hajat anu nangtukeun saha-saha anu baris meunangkeun hadiah. Nya lain lumayan atuh keur anu teu kasebut "aya" jeung "boga" mah. Eta bae apan hadiahna teh imah jadi weuteuh lengkep jeung parabotna ("Bedah Rumah"), meunang duit kurang leuwih sajuta ("Tolong"), jeung meunang barang-barang kabutuhan sapopoe anu dipikahayang saharga sapuluhjutaeun ("Uang Kaget").
 
Kacida matak reueusna, dina alam kiwari anu kasebut sagala rupa kudu ku duit, ari ieu aya anu bagi-bagi duit. Ana diteuleuman, kana baris gede oge dampak positif tina ieu acara teh. Upamana bae, ngabiasakeun tutulung, sok sanajan dina kasus acara tv BTU masih pinuh ku kandungan iklan. Kahareup mah meureun-sanajan mimitina mah susuganan hiji waktu papanggih jeung "sinterklas" anu bagi-bagi duit-baris loba rakyat leutik anu daek tutulung ka sasama. Keu bae dimimitian ku rahayat leutik daek tutulung teh, sakumaha paribasa, mindeng na mah ukur "korban" anu "ngorbankeun" (harta jeung dirina); sugan bae kahareup anu araya tur anu "garede" oge kabawakeun jadi resep jeung daek tutulung. Keun bae deui, mimitina mah tutulung teh aya pangarahan, da lila-lila oge kana baris tinemu jeung kumaha kuduna tutulung. Ceuk babasan oge, akon-akon milampah kahadean upama dilakukeun terus-terusan mah bisa jadi memang milampah kahadean.
 
Aya catetan saeutik, dina acara "uang kaget", kahayang mah balanja nu pareng kaeunteupan rezeki teh kudu diatur sangkan ngawitan ku nyumponan pangubutuh utamana harita aranjeunna, heunteu dikamalirkeun kana ngudag-ngudang kabutuhan lux. Sedengkeun dina acara "bedah rumah", kumaha nya upama anu dibedah teh imah-imah kardus sisi walungan, dipernahkeun di patempatan anu nyuimponan syarat tata ruang kota? "aeh..........atuh ari kitu mah lain acara hiburan di tv, program pamarentah anu kitu mah, jang!", ceuk harewos na hate ngingetan.
 
Cag ah.
Baktosna,
manAR
 
 
 
 
 
 
 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke