euleuh geuning garut kang oman. manawi teh bandung,
pedah kang rohmansyah ngajudulan BTD. garut palih man
nya geuning aya tugu eta teh. ninggal garut sareng
bandung dina peta, ampir sami, pada pada dilingkung ku
gunung. asana kapungkur teh aya lagu nu ngagambarkeun
kayaan garut, diantarana aya bait nu ngeceskeun, "...
garut jiga pangupukan puyuh ..." pedah eta panginten
alamna di lingkung ku gunung, palih kaler dipindingan
gunung haruman, palih kulon ku gunung guntur, palih
kidul gunung papandayan sareng cikuray, palih wetan
gunung talaga bodas. 

sae oge upami bade discan mah, kang oman. salian
kanggo dokumentasi koropak, oge sok peryogi kanggo
kelir rarancang jalaloka. 

nuhun,
mh

--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Ieu mah ngeunaan GARUT TEMPO DOELOE, asana aya di
> pabetekan, 
> dokumentasi salah saurang fotografer urang walanda
> samemeh abad 19-
> dugi ka abad 19 awal, dibukukeun. Kalintang saraena
> foto-foto Garut 
> tempo doeloe, sok sanajan hitam-putih (tangtuna
> oge). Kayaning: sisi 
> cimanuk, gunung guntur, alun2 garut, jln.
> pajajaran-garut, cipanas, 
> jrrd. Malah ditambahan sababaraha foto kaayaan
> heubeul di alun-alun 
> Ciamis jeung tempat sejenna di Tatar Sunda. Kumaha
> Kang, sae oge 
> rupina kanggo bahan koropak? Hanjakal can kaburu
> discan.
> 
> Baktosna,
> manAR
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED], mh
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > baraya, tadi kuring meunang kiriman foto bandung
> jaman
> > baheula dina wanda bodas hideung. nu ngirimna kang
> > rohmansyah <[EMAIL PROTECTED]>, jigana
> > anjeuna keur di nagri kincir angin. aya 24 foto,
> salah
> > sahijina tinggal dina lampiran. jigana mah eta
> foto di
> > sabudeureun simpang lima. 
> > 
> > bisi aya nu perlu engke urang simpen di koropak,
> > ngarah bisa didownload ku balarea.
> > 
> > salam,
> > mh
> > 
> > 
> >             
> > __________________________________ 
> > Do you Yahoo!? 
> > Meet the all-new My Yahoo! - Try it today! 
> > http://my.yahoo.com
> 
> 
> 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke