Sateuacana dihaturkeun rewu nuhun ka Kang Rani nu sayogi nga"leading" acara ping 11 Des. Kang sim kuring panuju mun engke urang santey we nya acarana, urang silaturahmi jeung  patukeur-tukeur ide (brainstorming) bari olahraga, bari ngalengko (ketupat sayur), bari pecle, ngadu kaleci atawa gatrik ge mangga wae. Asana mah mu urang geus waranoh mah Insya Alloh kahareupna "solid" nya.
 
Kang upami tiasa mah tambihan acarana, sing saha bae US nu "boga kabisa" sabangsaning "setrum" cing pasihan dulur awewe supaya nu ngagangu teh Nia, Ina, Teh Tien (oge saha we nu peryogi) ngaracleng  bari teu antel saeutik-eutik acan. Kanjeng Pakusarakan kersa ngabantos? geura tepakeun kabisa ti Garut teh, pek amalkeun   -:))
Ke saha deui nya nu kawit ti Banten sareng Cirebon, aya nu kersa ngabantos?
 
salam
tirta
 
 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Diantos lah, sadugina wae, dinten sabtu mah kampus UI
rada sepi, pokona mah ngempel di alam terbuka.

Kuring jadi inget jaman masih gawe di LSM CARE
International Nusa Tenggara (Mataram). Lamun rapat teh
si Bule sok ngajakna teh di alam terbuka. Naha bari
berenang di hiji hotel, atawa ngumpul-ngumpul di sisi
pantai senggigi. papakeanana oge bari jeung make
calana pondok, kaos oblong, jajauheun tina suasana
formal. Hasil tina obrolan eta teh sederhana tapi
"nyentuh kana permasalahan". masarakat handap.

mrachmatrawyani

--- Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>
> Aduh...eta kabita pisan Jogging bari cuci mata,
> hehehehe...tapi kumaha atuh da ti Bekasi ka Depok
> mah rada tebih, ke panginten kapuyanna abi
> ngiringan....
> Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Hatur nuhun kang
> rani kana wartosna, kumaha baraya. saha wae nu bade
> ka
> UI depok teh?
> salam,
> ikmal


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke