Mang Jamal oge Ua Sas bade tumaros dupi ngadegkeun hiji pabukon -nu tos katingali tina pangalaman- sabaraha ageungna? Oge ageungna beasiswa teh sabaraha? Nu tos dilakonan teh per jalmi per sataun?
Dicekapkeun sakieu heula. Punten nembe tiasa tataros hungkul.
salam baktos,
tirta
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
saderek sadayana, nu kerek siga buhaya
perkawis hasil riungan bari halal bi halal di cimalati, rupina parantos
kauninga ku sadayana. kalebet kacindekan yen program pabukon simpay katresna
kacida ageung manpaatna kanggo 'muka' panto pangaweruh barudak di lembur.
ieu pabukon teh udagan ageungna mah dina upaya ngaronjatkeun kaunggulan
sumber daya manusa Sunda.
kukituna, ka baraya sadayana, tiasa malah kaci pisan ngiring langsung malire
jeung ulubiung program eta kucara:
1. ngintun langsung buku-buku kanggo bacaeun barudak di tempat-tempat nu tos
aya (daptarna aya di web yp.urang-sunda.or.id/psk.htm)
2. ngadamel nyalira di lembur masing-masing. YP kusnet mung peryogi datana
kanggo didaptar kanggo ditambihan koleksi bukuna.
3. ngintun buku-buku ka sekretariat Yayasan Perceka KUSnet, Jl. Rajamantri
Kaler 23. ke ku YP dikintun ka pabukon nu aya.
4. tiasa ngangge pisan mantuan dulur salembur. contona urang Sumedang,
mangga ngintun buku-buku ka pabukon nu aya di Sumedang, urang Garut kanu di
Garut, jst.
Perkawis Beasiswa SPP SD
1. ayeuna msiswa si kuring, Japon -nu muka pabukon di Sagaranten, bade ka
kepala sekolah SD di lemburna Sagaranten Sukabumi Selatan kanggo nyuhunkeun
daptar murid nu sepuhna teu mampu. insya Alloh, bade dipasihan beasiswa SPP
satauneun.
sakitu heula
http://geocities.com/mangjamal
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

