Mangga bae kasadayana anu kersa ngiring sasarengan ka
UI Depok, masih keneh aya kursi lowong 3 deui yeuh.
Kang Agus Pakusarakan, kang Tirta, kang Ikmal, bade
abring-abringan moal? Manawi ongkosna mah teu langkung
sakumaha ongkos patas ac bae...:)

baktos akos

--- Nia Sri Winiarsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Muhun ah, kang Yani aya lapangan tenis meja teu?
> abdi bade nyandak tepokanana sareng bola ping pong,
> atanapi anu gaduh bola voli candak oge...... Kang
> Akos abdi ngiring kang akos wae atuh? tabuh sabaraha
> miangna, tah kang Ragil oge..urang sareng kang akos
> wae....pami boleh ku kang akosna...
> 
> Nia
> 
> -----Original Message-----
> From: akos kosasih [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Wednesday, December 08, 2004 11:41 AM
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Subject: Re: [Urang Sunda] Ping 11 desember tea
> 
> 
> 
> Punten, nembe tiasa ngiring mairan deui anumawi nuju
> pakepuk pisan di kantor. Insyaalloh sim kuring
> sareng
> pun bojo oge bade ngiring ka UI Depok bari ngasuh
> pun
> bungsu, da cikal jeung pangais bungsu mah sabtu
> enjing
> kedah sakola heula panginten.
> Sugan US Jakarta aya nu tiasa badminton, cik
> ngabantun
> reketna, hayu urang tanding di diditu, ieu oge lamun
> aya lapang badminton na...
> Minggon ayeuna, dina dinten Kemis jeung Jumaah ping
> 9-10 Des, sim kuring aya training di luar kantor, di
> Thamrin-Jakarta. Ka sing saha bae baraya anu
> kantorna
> di sabudeureun Thamrin, mangga diantos sms na ka
> hape
> 0811-17-1056, mamanawian urang tiasa patepung lawung
> di ditu. Kukituna oge sigana sim kuring moal tiasa
> noongan lembur heula dugi ka monggon payun. Ka
> baraya
> anu bade konfirmasi gempungan di UI Depok, mangga
> nga-sms bae. Hatur nuhun..
> 
> baktos akos
>   
> 
> --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> 
> > ka Kang Tirta miwah para wargi sadaya Kusnet
> > Jakarta,
> > hapunten nembe tiasa ngawaleran  ayeuna perkawis
> > kempel-kempel ping 11 Desember.
> > Insya allah sim kuring nyayagian tempat kanggo
> acara
> > anu dimaksad.
> > 
> > Ari rencana kuring mah kieu. Pami tiasa mah
> > sarumpingna teh enjing-enjing, tabuh tujuh tos aya
> > di
> > Kampus Depok, bari nyandak perlengkapan olahraga.
> > Ancer-ancerna lapangan parkir Gedung Pusat
> > administrasi Universitas Indonesia/gedung
> Rektorat.
> > Teras urang jalan-jalan (joging) bari ngawangkong.
> > (Ari ngobrol bari jalan-jalan teh naon namina
> nya?).
> > Upami masih enjing mah udarana teh masih seger,
> teu
> > acan patos seueur jalmi. Upami cape, tiasa mampir
> di
> > kantin fakultas (kantun milih fakultas mana wae),
> > biasana ari dinten sabtu mah aya sababara fakultas
> > anu
> > ngayakeun perkuliahan kanggo mahasiswa D3 sareng
> > Ekstensi. Upami aya waktos urang ningali kebon
> obat
> > sareng proses ngadamel minuman Kavera di caket
> > kampus
> > FMIPA. Upami bade "cuci mata" ningali nu
> > mencrang-mencrang, joging atanapi nongkrongna di
> > kafe
> > TAKOR (taman Korea) FISIP, almamater kuring. Upami
> > teu
> > lepat mah aya Diah Permatasari (pemain sinetron
> > Bajaj
> > Bajuri), kuliah di Ekstensi FISIP.
> > Upami hujan, ngawangkongna di kantor sim kuring
> wae,
> > di lantai 7 Gedung Rektorat, bari ningali
> > pamandangan
> > kampus Depok. Tiasa dikontak sim kuring di 0815 99
> > 25854.
> > 
> > Upami nyandak kendaraan nyalira, patokanana nya
> eta
> > Rektorat tea. Upamiken naek kendaraan umum, KRL
> > tiasa
> > lungsur di stasiun pondok Cina, Upami ngangge
> > beus/mikrolet lungsurna di Gunadarma/kapuk,
> atanapi
> > Pondok Cina. Bade mapah tiasa, naek ojek oge tiasa
> > mung Rp 2000,
> > Taroskeun wae ka Satpam, Pa Rachmat anu damelna di
> > Direktorat PPSI.
> > Sumangga diantos di kampus Depok.
> > 
> 
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> The all-new My Yahoo! - Get yours free! 
> http://my.yahoo.com 
>  
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
The all-new My Yahoo! - What will yours do?
http://my.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke