|
Haturan Kang Yayan anu ti Subang, anu nuju ngotektak kasundaan khususna ngeunaan sundawiwitan
tea.
Perkawis buku "Kasepuhan yang hidup di Halimun"
yasana Pa Kusnaka asa nembean nguping, kukituna mangga dipedar ringkesna kumaha
eta teh!
Upami sahadat sundana
mah, ditelek-telek teh bet teu aya benten sareng sahadat anu umum dina
sahadat ieu ebreh turta eces ngangkeun ayana Gusti Alloh sareng ayana Nabi
Muhammad. Anapon perkawis redaksionalna, manawi eta mah mangrupi upaya/ tarekah/
reengineering dina mayunan kondisi anu khusus.
Urang Kenekes ngagem sunda
wiwitan tur ngangken umatna Nabi Adam, sanes ngagem
hindu-sunda?
Sunda Wiwitan tina kecap SUNDA jeung
WIWITAN,
SUNDA hartosna nya "Sunda!" jawaban
anu pondok nyogok tea...., Janten naon atuh sunda teh?
SUNDA aya nyebatkeun nami gunung, aya
oge anu nyebatkeun nami dewa wisnu aya deui SUNDA teh sami sareng
bodas, moncorong, jrrd. Ari hartos SUNDA anu nyurup kana sundawiwitan mah SUNDA
anu hatosna JALMI atanapi MANUSA nyaeta JALMI/MANUSA PANGANGGALNA ayeuna
mah osok aya nu nyebat KARUHUN ANU PANGKOLOTNA anu katelah KISUNDA anu
nyandak ajaran kasundaan atanapi kamanusan. Tah ayeuna kasundaan teh aya anu
pokok aya anu tos dikembangkeun ngigelan jeung ngigelkeun situasi-kondisi
atanapi jaman tea.
Kasundaan atanapi kamanusaan anu
pokok ngudagna anu utama nyaeta misahkeun manusa sareng hewan/sato
mana-mana tina diri urang anu sifatna hewani mana anu kamanusan,
teu ngudag-ngudag kahayang estuning ngalaksanakeun puasa saumur-umur,
tumut kana papagon sareng adat karuhun teu kedah dikritisi naon alesanana,
kumaha mimitina, kumaha lamu kieu, kumaha lamun kitu, teu wasa, panjang teu
meunang diteukteuk pondok teu meunang disambung, jrrd. Pangemut sim kuring
Kasundaan pokok ieu anu disebat SUNDA WIWITAN darma ngalakonan hirup jeung
huripna tapi teu kedah meng-explotasi diri da engke baris keuna ku pati, paeh
teu nyaho dimangsa.
Ayeuna naon hubunganana sareng Nabi
Adam. Jigana kumargi kayakinan yen JALMI/MANUSA ANU PANGANGGALNA teh karuhun US
oge UK ditambih kupengkuhna tumut kana amanat karuhun nalika Islam lebet ka
pasundan sareng pagilinggisik sareng Urang Kanekes tangtos bae aya
diskusi "ari UK tumut kana saha?" manawi waleranana ka Karuhun,
karuhun anu mana? KARUHUN ANU PANGKOLOTNA ari karuhun teh pan kapungkurna
mah Jalmi. Ari Jalmi anu pangkolotna upami "imortal/teu maot"
mah pan luluhur/karuhun pang awalna dina dogma Agama Islam nyaeta
Kangjeng Nabi Adam. Janten puyus pisan upami anu ngagem SUNDA WIWITAN
teh sami bae sareng tumut kana AJARAN NABI ADAM kayakinan ieu langsung
kana kayakinan anu Haqqulyakin tapi moal sadayana jalmi
ningal Ainalyakin sareng Ilmalyakinna.
Sedengkeun UK sareng Hindu-sunda,
ayeuna mah asana moal katinggal deui margi disakuringna UK tos teu aya anu
ngagem agama hindu.
Hapunten anu kasuhun, ieu mah mung
pangemut pribados wungkul.
Wassalam,
dudi_ss
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|

