Kadua: Desa-desa jeung sababaraha pasoalanana
Naon bae anu jadi ukuran indikator atawa kriteria keur nangtukeun
hiji daerah "tertinggal", "berkembang", atawa "maju" numutkeun eta
indikator/kriteria, pangwangunan di daerah teh pasti nanggeuhkeun
maneh ka padesaan. Sabab daerah (kabupaten/kota) teh disusun ku mang
puluh-puluh atawa tepi ka ngaratus pamarentahan tingkat desa.
Kukituna naon rupa anu arek diukur teh aya di padesaan. Ti mimiti
income atawa "daya beli" masyarakat, tingkat melek hurup, angka
harepan hirup ( 3 hal anu biasa disebut IPM: Indeks Pembangunan
Manusia), infrastruktur, leuweung jeung sumber daya alam sejenna,
jrrd, eta sakabehna dina prakna mah aya di padesaan. Ku sakitu,
tinimbang ngamasalahkeun pantes heunteuna gelar "daerah tertinggal"
ka hiji daerah, aya hadena upama mikirkeun kumaha carana ngamajukeun
padesaan.
Kungsi mantuan hiji sepuh nuliskeun (ngedit) keur usulan program 100
hari ngamimitian pamarentahan ka presiden urang anu anyar, periode
2005-2009 (anu sigana heunteu dilaksanakeun) sababaraha program keur
ngahaeutkeun pangwangunan di daerah, khususna "daerah tertinggal"
tea. Aya sababaraha masalah anu jalan kaluarna kacida
ditarungguanana ku pamarentahan jeung masyarakat padesaan.
Diantarana bae, kahiji, soal "status" pamong desa, anu tepi ka
ayeuna disebut pagawe negeri lain, da teu digajih; disebut
koordinator anu sifatna sukarela oge heunteu da meunang bagean anu
disebut tanah kalaungguhan. Padahal di kota mah rurah atawa kuwu teh
digajih. Hal ieu teh sabenerna mah nimbulkeun katimburuan ti
renrengan pamarentahan desa ka pamarentahan kota. Status rurah anu
heunteu jelas kacida gede pangaruhna kana "kinerja" aparat
pamarentah desa. Keun sugan pareng, hal ieu urang padungdengkeun
deui ka hareup.
Kaduana, soal pajeg. Di sababaraha desa, pajeg masyarakat teh malah
aya 2 rupa, anu tangtu jadi kacida ngabalangsakeunana: pajeg biasa
(PBB) jeung pancen (sarupa pajeg warisan tatacara adat). Kawijakan
soal pajeg oge kudu diropea deui upama aya maksud ngamajukeun desa
(baca: daerah). Tujuanna neangan kawijakan pajeg anu heunteu
ngabeuratkeun pamarentahan jeung rahayat padesaan. Sakurang-
kurangna, kawijakan pajeg padesaan teh kudu sarua adilna jeung pajeg
di masyarakat desa di kota-kota. Soal pajeg anu adil keur masyarakat
desa oge perlu dipadungdengkeun deui.
Katiluna, soal manajemen keur pangwangunan padesaan. Salila ieu,
program-program anu nyoko kana pangwangunan daerah/desa tertinggal
(upamana Inpres ngeunaan bantuan keur desa tertinggal) siga anu
heunteu make manajemen anu bener-bener dipikirkeun sacara
operasional prak-prakanana di "lapangan". Sanajan kaasup desa
tertinggal, apanan kaayan hiji desa jeung nu sejenna teh heunteu
sarua. Aya hadena upama desa-desa teringgal teh di-"ranking" heula,
ti mimiti anu pangkatinggaleunana tepi ka anu kawilang maju
(swasembada). Tah, sangkan efektif, program ngamajukeun desa teh
dimimitian ku ningkatkeun darajat kahirupan/pangwangunan desa-desa
anu kaasup pangkatinggaleunana, tepi ka sarua tingkatanana jeung
desa-desa anu "status"-na aya di saluhureunanan satingkat.
Saterusna kitu, upama status desa anu panghandapna geus naek
satingkatan, bantuan teh diaalamtkeun heula ka desa-desa anu aya
dina satatus panghandapna (anu ayeuna mah geus naek satingkat ti
status panghandapna dina priode samemehna). Sebut bae ieu program
teh program "Arisan Pedesaan".
Cara "arisan pedesaan" bisa dilarapkeun keur pangwangunan widang
sejenna. Upamana dina raraga ngahejokeun leuweung (rehabilitasi
hutan/RH). Tinimbang dana RH disebarkeun ka sababaraha leuweung bari
teu pati jelas hontalanna, sigana leuwih hade ngabeberes heula
sababaraha leuweung anu kacida rusakna, tepi ka hejodeui-na. Pon
kitu deui dina "mitigasi bencana alam" (ngaronjatkeun kasayogian
dina nyanghareupan jeung ngawangsulkeun deui kaayaan akibat
bancangpakewuh alam), cara arisan sarupa kitu bisa dipraktekeun.
Kajaba upama eta bencana alam teh geus kajadian, tangtu bae teu bisa
ditunda-tunda, dimana bae kajadianana kudu saenggalna direhabilitasi.
Cag.
Baktosna,
manAR
--- In [EMAIL PROTECTED], "Oman Abdurahman"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kahiji: Ngaguar "Kriteria" Heula
>
> Anu jadi indikator
> nangtukeun hiji daerah katinggaleun atawa heunteu teh aya 6
> kriteria, nyaeta (B. Ind, sakumaha dicutat tina PR
> sabeuleugeunjeurna; hatur nuhun Kang Baranyay):
>
> "Menurutnya, pemerintah menetapkan enam kriteria untuk memasukkan
> suatu daerah dalam kategori daerah tertinggal. Keenam kriteria itu
> adalah persentase kemiskinan di daerah, sumber daya manusia yang
> rendah akibat terbatasnya akses terhadap pendidikan, kesehatan dan
> lapangan kerja, infrastruktur yang masih kurang, fiskal gap yang
> kurang dari Rp 140 miliar, aksesibilitas terhadap dunia luar,
serta
> karakteristik daerah berdasarkan persentase daerah terhadap
bencana
> alam".
>
>
>
> Cag heula.
> Baktosna,
> manAR
>
>
> --- In [EMAIL PROTECTED], Ahmad Junaedi
<[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>
> > numutkeun sim kuringmah.. kanggo matok kriteriana.. aya saena...
> didamel dua kelompok..nyaeta nasional... sareng regional
propinsi.
> Ku ukuran nasional.. mungkin wae kab Garut sareng Sukabumi aya di
> urutan... di luar 120..... namung ku urutan propinsi mah.. mungkin
> kab Garut sareng Sukabumi teh aya di ukuran kabuncit....
> >
> >
> > Cag.. ah..
> >
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Do you Yahoo!?
> > Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn
> more.
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> >
> >
> > Yahoo! Groups Sponsor
> > Get unlimited calls to
> >
> > U.S./Canada
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Yahoo! Groups Links
> >
> > To visit your group on the web, go to:
> > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
> >
> > To unsubscribe from this group, send an email to:
> > [EMAIL PROTECTED]
> >
> > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
> Service.
> >
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Do you Yahoo!?
> > Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/