Ari ceuk kuring mah nu saripit teh sanes efisien ngan gaduh sifat pragmatis, sapertos nu didongengkeun ku kang Yaya. Sifat Pragmatis urang Timur Jauh ( China, Jepang jeung Korea) parantos kasohor. Tingali we Korea sareng jepang oge Taiwan, kumaha pragmatisna maranehna nyanghareupan Amerika. Sagala kahayang AMerika ku pamarentah Jepang jeung Korea diturut, tapi dibalik eta, Amerika diserebu ku barang-barang produk Jepang (ayeuna oge ku barang Taiwan jeung Korea)tepi ka Amerika keukeuleuweuhan da neraca perdagangana jeung jepang defisit terus. Kitu deui dina nyanghareupan budaya barat, urang Timur Jauh mah, pargamatis pisan, malah maranehna nu nyararieun pernak-pernik keur hari Natal, tahun baru jrrrd. Ngarilu ngarayakeun Natal, padahal mah agamana mah duka naon. Jigana eta nu matak nagara-nagara di Timur Jauh mararaju, malah Taiwan mah, cenah, hiji nagara anu boga cadangan devisa panggedena sadunya!
Sabenerna mah sifat pragmatis ieu geus ditarurutan ku Bangsa Urang, ngan palebah nu gorengna nyaeta sugak-sogokna. Nyogok sabenerna mah asalna tina sifat pragmatis, embung loba urusan, nya sogok we make duit, urusan jadi beres. Urang Cina sabenerna mah nu mimiti boga budaya eta, sabab dina dongeng-dongeng Cina (contona tingali dina film seri Ular Putih), loba nu nyaritakeun kumaha malaikat oge bisa disogok! -WALUYA- > Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Aya dulur indung uing nu kawin ka China di Pasar Baru > Bandung, mun ngobrol sok tetelepek kuring nanya, kieu > geura: > > Ceuk Uing: "Ua kunaon ari urang China palinter > katingalina teh?" > > Ceuk Ua Kuring (China, ari Istrina asli Sumedang > lanceuk Indung Uing): "Teu palinter urang China teh > Ya, ngan urang China mah efisien, jadi nu disakolakeun > luhur teh ngananu palinterna wungkul, nu kira-kira > pihasileun, numatak hasilna sok aralus, ari nu > kira-kira teu calakanmah ah...sina diajar dagang bae > dilatih dagang sing parigel. Panan Yaya ge apal anak > Ua si Tan Aek Wan jeung si Tan Aek Min, si Tan Aek Wan > mah ku Ua disakolakeun nepika jucungna da pinter, tah > si Tan Aek Min mah sina dagang bae di pasar baru jeung > ua...da bongan belegug". > > Ceuk Uing: "Kunaon Ua ari uranr China di Indonesia > loba nu beunghar?" > > Ceuk Ua Uing: "Urang China mah tara nahap-nahap maneh, > tara gengsian, mun urang china boga sapeda hartina > motor geus bisa kabeuli, mun geus boga motor tangtu > tabungannana geus bisa meuli mobil, tara anjuk > ngahutang nahap-nahapkeun maneh. Panan ningan > lolobanamah urang Sunda mah....sok belaan najuk > ngahutang nu penting boga" > > Tangtu bae ieu pangalaman teh henteu berlaku umum, > sakali deui teu bisa dipake kasimpulan..ngan urang > bisa ngeunteung. > > KangYa > Tungtung Seoul. > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

