Jalmi anu dilahirkeun di hiji tempat, budaya,bangsa, suku,agama,adat jeung alam(cai,taneuh, hawa, jukut,tangkal jrr).Tur gede jeung ngagedean didinya, geus pasti katalian ku sakabeh eta anu moal di popohokeun. Ieu bakal kalaman ku sakabeh jalma anu indit neangan harepan, bubuara ka tempat deungeun anu jauh. Dalah sanajan ngan ukur turunan hiji suku bangsa komo ieu anu dilahirkeun jeung digedekeun dina budaya aslina.
Sakabeh suku bangsa di dunya ngalaman,kaasup suku Sunda.Komo ku zaman global pasuliwer jelema kaditu kadieu leuwih babari. Moal kaitung anu kawin jeung seler sejen,kitu deui seler sejen jeung urang Sunda.
Salah sahiji anu ngagambarkeun jalma anu hirup dina dua alam,budaya dina bukuna nyaeta Jhumpa Lahiri, anu pinter pisan ngagambarkeun ambivalensi dua budaya anu di alaman ku urang India imigran, nagri deungeun anu dicicingan jeung dirina urang India. Dina pikirna manehna gaduh dua kahirupan barat jeung timur. Kitu deui urang Sunda, anu pengkuh mah pasti dina hatena ngan ukur Sunda dina hatena,kahirupan jeung rengkak paripolah jeung alam lain anu di cicingan (kuring di batawi).
Tapikeur kuring : Ibarat lauk Salmon anu bakal balik kamana manehna di pegarkeun.
Jalak (tina Interpreter of Maladies;Jhumpa Lahiri)
Sumedang Tandang Nyandang Kahayang
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
| Get unlimited calls to U.S./Canada |
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

