Nya eta atuh Kang, dina waktos ayeuna mah Garut teh ari dina irongan abdi mah kapayun bakal langkung ngagejlig kaurutan pangbocotna!!!
Korupsi, Kolusi sareng Nepotisme di Garut ku ayeuna mah langkung ngaresahkeun rahayatna. Ti kawit dana nguseup anu saurna dugi ka 5 juta saminggon, teras setoran anu kedah katampi ku pangersa dugi ka 60 juta!
Teras sadayana kontraktor anu di garut teh saurna mah, saderek-saderekna pangersa!
 
Anu langkung, ngahariwangkeun mah eta kasus korupsi anggota DPRD tea anu 6,4 miliar geningan jempe deui nya?
Malihanan para koruptor teh geningan di Garut mah tiasa ancag-incig bangun nu santai! Bari teu elat mesem....
Aeh, geningan kamari oge ningal dina tv. Abdullah Puteh sareng isterina oge meni siga tos pegat urat kaisinna. Kalahka cakakak cikikik kana kamera!!!
 
 
Kumaha atuh kang Erry?
 
Deny

Ahmad Junaedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dina leresan ieumah.. rupina kang ManAr tiasa langkung paos ngaguarna..
sim kuringmah mung sakadar mairan ...
 
numutkeun sim kuringmah.. kanggo matok kriteriana.. aya saena... didamel dua kelompok..nyaeta nasional... sareng regional propinsi.  Ku ukuran nasional.. mungkin wae kab Garut sareng Sukabumi aya di urutan... di luar 120..... namung ku urutan propinsi mah.. mungkin kab Garut sareng Sukabumi teh aya di ukuran kabuncit....
 
Saenamah... ieu "predikat" teh henteu  dianggap "aib/ngajatuhkeun harkat" daerah (Garut + Sukabumi)... malihan mah tiasa jadi lolongkrang kanggo tiasa macu pangwangunan kalayan dukungan sumberdaya ti nagara/nasional...
Sim kuring anu kalahiran Sukabumi (sanaos henteu dumuk di Sukabumi).. masih.. tiasa "nampi" upami Sukabumi kalebet "daerah tertinggal".  Upami "pajabat Sukabumi" ngabantah ieu "predikat"... mungkin bae ieu pajabat teh tara "aprak-aprakan" asup kampung kaluar kampung khususna di daerah pasisian....nitenan.. kumaha "katinggaleunana" masyarakat dina sagala rupi segi pangwangunan....
 
Cag.. ah..


Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum baraya sadaya,-
 
Dina PR dinten ieu, Kab. Garut sareng Kab. Sukabumi digelaran Daerah Tertinggal????
Wah wah waaaaah, kumaha tah para wargi??? Kacida teh teuing di Jabar masih aya daerah tertinggal??? Mangga nyanggakeun ka baraya anu seueur uninga kana sagala rupina di dua daerah eta, mangga pairan, hatur nuhun.


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke