Mung sakedar bagi pangalaman, sabaraha tahun kapengker (hilap deui
tahunna komo mun tanggal sareng bulanna he he ?) nuju nyambi
sakola. Rengse damel teras sakola ari mulang ka bumi teh tos wengi, da
eta mah pabaliut antara padamelan, ngudag-ngudak bus sanajan pasesedek,
tugas sakola ditambahan diajak gegelutan ku budak... Kitu jeung kitu. Eh
ceuli teh aya sora 'ngiiiiiiiing' terus sok jiga nu budeg. Ari karasa pas
keur leumpang sok aya nu ngagaleong, tapi ari karasa pas keur
ngabandungan nu ngacaprak hareupeun papan bor sok dipeureumkeun wae
ngadagoan rengse sora ngiiiiiing kakara beunta.
Pas aya email nu kurang leuwih kieu.... aya prof. di AS nu nalungtik
perkara 'organ keseimbangan'. Dijelaskeun eta organ "hanya perlu aliran
darah dalam beberapa detik". Teras ku anjeunna di hubungkeun jeung
ajaran Islam ngeunaan Shalat: ruku
jeung sujud nu bisa
terap ka eta perkara. sabab keur nangtung mah eta organ tara kaaliran ku
getih.
Sok ku kuring teh diterapkeun pas keur shalat sok rada
dililakeun sujudna. Alhamdulillah aya kamajuan bari jeung
dibarengan istirahat hate jeung pikiran ditambah deui tensi kudu
dinormalkeun (dibikin enjoy ceuk barudak ayeuna mah).
Cag,
hazar
---------------------deleted-------------------------------------
> Tubuh senantiasa terpelihara dalam posisi
tegak
> seimbang berkat ada alat kontrol organ keseimbangan di
> dalam ruang telinga tengah.
---------------------deleted-------------------------------------
> seimbang berkat ada alat kontrol organ keseimbangan di
> dalam ruang telinga tengah.
---------------------deleted-------------------------------------
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

