aya dongeng batur kuring, urang jawa. dongengna ampir sarupa kitu. tatanggana bubuara ka batawi. aya kana sababaraha tahun. hiji mangsa si eta balik ka lemburna di wetan. kalakuakuan di lemburna teu beda jeung dongeng nu diposting ku baraya.
sakali waktu, si mas teh ulin ka pasar. kabeneran da pasar teh deukeut imahna. terus alak-ilik ninggalian buah salak. bari pok nyarita ku basa malayu, "ini buah apa ya, buah apa namanya?" kabeneran si mbok nu dagang salak teh tatanggana. na ari gantawang teh si mbok teh nyarekan, "maneh teh surip lin, anak si bejo?" "na kacida teuing, tas balik timana horeng, make jeung teu apal buah salak sagala rupa?" dikitukeun teh si surip, eraeun buluham-belehem. ceuk batur kuring ieu teh "true story". jawaban di mbok ngahaja disundakeun. da kuring teu bisa basa jawa. hehe. jigana ieu teh nu disebut fenomana "gegar budaya" tea. ngarasa inferior kana budaya sorangan, reueus ku budaya batur nu anyar ka panggih. salam, mh --- "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamualaikum, > Kang Ded, di lembur kuring aya nu bubuara ka batawi > meunang sababaraha taun, terus balik deui ka lembur. > Barang balik ka lembur lamun ngobrol makena basa > batawi wae. Majar teh geus poho ceunah tapi lamun > diajak ngobrol make basa sunda mah ngarti tapi > ngajawabna make basa batawi wae, terus we ku urang > lembur teh di landih jadi si sayah padahal ngaran > asli namah karnasan. > > nana > > -----Original Message----- > From: Dedi Supriadi [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: Friday, December 10, 2004 12:54 PM > To: [EMAIL PROTECTED] > Subject: [Urang Sunda] Urang Kuningan > > > Assalamu'alaikum baraya.... > > Aya urang Kuningan teu nya di bakus ieu? Seueur > sigana mah, mung hapunten bilih aya nu kasiggeung ku > carita ieu, ieu mah sanes bade ngagogoreng dulur > sorangan sanes bade ngawiwirang, mung si kuring mah > gaduh carita nu pikaheraneun, nu matak jadi getek > lamun inget si kuring teh urang sunda... > Tadi peuting pas meuli sate di hareupeun imah, > kuring ngobrol jeung nu dagangna make bahasa > batawian ngan teu make gua-elu :-) Ningali tinu > logatna mah jigana si emang teh urang sunda. Nya > ditanya ku kuring teh, "kawit ti mana mang?", > jawabna teh "ah sayah mah dari kuningan". Terus > ditanya deui "tos lami di jakarta na teh?", dijawab > ku manehna "baru ajah 4 bulan, tadinya saya jualan > ketoprak", naha si emang teh ditanya bahasa sunda > kalahka ngajawab batawian wae euy? Panasaran ditanya > deui ku kuring "kamari basa lebaran mudik ka > kuningan teu?", sakali deui si emang teh ngajawab > make batawian "kagak sempet, mendingan dagang ajah > di sinih, lagian perlu banyak ongkos kalo pulang ke > kuningan mah.." Emh, sedih euy si kuring, ditanya ku > basa sunda dijawab na teh ku batawian wae euy :-( > Tungtungna mah, dibayar we ku si kuring sate teh, > bari ngaharewos, "teu reueus jadi urang sunda > meureun si emang teh, lebar mang bisa basa sunda > tapi teu dipake..." > Tah baraya, kedah kumaha lamun kitu? Rumasa si > kuring salah teu ngabejaan si emang kudu reueus ku > basa sorangan da geus ngarasa keuhuel sorangan. > Jigana mah ngarti si emang teh ku basa sunda, ngan > jiga nu era make na teh? Eta pedah loba nu keur > meuli kitu? Cik kedah kumaha ngabejaan na sangkan nu > dibejaan ulah kasigeung... > Punten ka urang kuningan... > > Cag ah, rek juma'ahan heula... > > dedi supriadi > > = upami teu lepat mah aya nami nu sami nya? ngan > urang cianjur nu hiji deui mah? salam ti dedi nu > ieu, ieu mah asli bandung ngan keur di cikarang > ayeuna mah hee hee hee...= > > > > > > _____ > > > <http://uk.rd.yahoo.com/evt=21626/*http://uk.messenger.yahoo.com> > ALL-NEW Yahoo! Messenger - all new features - even > more fun! > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > Yahoo! Groups Sponsor > > ADVERTISEMENT > > <http://us.ard.yahoo.com/SIG=129n3n5bc/M=298184.5639630.6699735.3001176/D=groups/S=1705013556:HM/EXP=1102745466/A=2434971/R=0/SIG=11eeoolb0/*http://www.netflix.com/Default?mqso=60185400> > click here > > <http://us.adserver.yahoo.com/l?M=298184.5639630.6699735.3001176/D=groups/S=:HM/A=2434971/rand=163153254> > > > > _____ > > Yahoo! Groups Links > > > * To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ > > > * To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > <mailto:[EMAIL PROTECTED]> > > > > * Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! > Terms of Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/> > . > > > __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more. http://info.mail.yahoo.com/mail_250 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

