Kang Agus sanes urang teh rek make tulisan & gambar tina prasasti kopi (tugu?) nu diobrolkeun di Cimalati? Pan rek nyieun simbol nu "Wingit" (ieu basa Jawa,  Sundana?) nu hartosna sederhana tapi ber"aura" "menyegankan"/angker. Kang Tan kumaha tiasa mun gambarna "tapak suku" tina prasasti?
 
nuhun
tirta
 

"Agus Kurniawan \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
urang mah tan hoyong nu iyeu da' kumaha? tp iyeu cocokna keur US
jakarta cigana teh.. teuing ketang. iyeu mah isieng nyobian

On Thu, 9 Dec 2004 20:38:44 -0800 (PST), tantan hermansah
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> punten, tadi lepat imel, ari komentar ti MJ tos aya
>
> kiru unina:
>
> baraya,
> ieu rencana gambar kaos dina raraga mireueus
> kasundaan.
> Rencanana, ieu rek dicitak terbatas. Meh rada
> eksklusif tea. Engke mun tiasa "balik modal"
> (punten...he...he..)--maklum da danana ngorehan ti
> dapur pun bojo--urang ngadamel deui desain anu enggal
> anu ayeuna nuju dikutrat-kotret ku tim kuring di dieu.
>
> Tim ieu, dugi ka ayeuna (ngan) tiluan.
> Kuring sorangan (tantan)
> Indra (bagean ngaaplikasikeun desain anu dina sirah
> kana gambar digital (file komputer),
> Yayan alias jajaka_subang tea bagean ukrah-ikreuh
> kaditu kadieu.
> Sanes moal/alim ngajakan anu sanes. da ieu paling
> mungkin silih tur kakontak ku kuring anu sarwa
> 'terbatas'.
>
> Tah, baraya, mangga pilih. Bade anu mana. Anu
> mayoritas dipilih ku baraya, eta anu bakal dicetak
> ekslusif. Kaos USHE (kuring ngahaja ngaranan ieu kaos
> "USHE" keur trademarkna--anu ceuk Jang Yayan tea mah
> kudu mampu nyaingan "dagadu" ti kota Jogyes tea) ieu
> mudah-mudahan salian ti keur nanjeurkeun komara US di
> mana wae, oge tiasa ngajantenkeun pangrapet babarayaan
> urang.
>
> ngenaan ijin ti PERCEKA, kuring salaku pribadi tos
> wawartos ka MJ. ngan teu acan aya SK-na.he..he..
>
> ngenaan pangaos, saatos diutak-atik, kuring nawisan
> sacara "lelang". hartosna, sabaraha wae mangga, mung
> aya nganggo pangaos minimal. engke upami tos beres
> surveyna, ku kuring dibewarakeun deui.
>
> Kusabab ekslusip, kaos ieu mung dicitak 20-an. janten,
> punten, biaya produksina rada ageung.
>
> Tah, kabaraya anu hoyong ngagaduhan ieu kaos, mangga
> pilih desain anu mana anu dipikahoyong, teras
> japrikeun ka kuring urang catet.
> sareng punten teu tiasa sadayana kajapri ku sim
> kuring.
>
> sakitu heula,
>
> baktos
>
> tantan
> nu keur diajar "bisnis???"
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





> ATTACHMENT part 2 image/jpeg name=hudangeuy.jpg


Do you Yahoo!?
Dress up your holiday email, Hollywood style. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke