--- In [EMAIL PROTECTED], "sindang_asih" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya, > Hatur nuhun kana kiritikna. he..he... > resep kuring mah lah. > Tapi teu nanaon urang madungdengkeun sakedik ngenaan hal ieu: > 1. ngenaan tema/jejer: kunaon bet "GAYA", salian ti nyutat pamendakna MJ (anu anjeuna oge mun teu lepat mah ngutip ngobrol sareng Maman Gantra), tapi oge mibanda harti anu 'gaul'. kunaon bet kedah 'gaul', sabab urang ngabedil pasar anu langkung lega, nyaeta budak ngora supaya mun make eta kaos teh ngarasa te eleh ku kaos dagadu.
2. Kunaon USG--teh Nia sareng nu sanesna, punten-- sanes teu ngahaja jeung teu apal. tapi justru dihaja da apal mun akronim USG teh pakuat-kait jeung obisetorologi tur ginekologi. tapi pan ieu mah diplesetkeun (dirada heureuykeun tea). 3. teras dina ngadesain, ngahaja nyandak jejer atawa citra anu geus rada wanoh jeung baraya. Kunaon bet model Spidermen, atawa pentium, da logo eta keur sabagian jalma geus dipiwanoh. citraan ieu urang mangpaatkeun ku urang dina ngampanyekeun sunda. 4. Sim kuring ngahaturkeun nuhun pisan ka baraya anu masihan jejer (sapertos kang hasan tur nu sanesna) kanggo edisi anu salajengna. nu sanes oge diantos. mung punten, sim kuring teu tiasa nedunan kahoyong mun gambar atawa eta seratan ditulis dina bagian tonggong (ditukang). Sabab, ceuk guru kuring, mun kaos kitu rada kirang afdol mun dianggo shalat berjamaah. bisi jamaah anu di tukang kaganggu teu kahaja. (tapi bisi anu sanes bade nyitak dipengker mah mangga! ieu mah dunya bebas, da!) 5. Kaos ieu urang diaranan kaos USHE (jogya= dagadu; Bali= Dadung; Sunda= USHE), mangga akronim ieu bilih bade dihartosan URANG SUNDA HUDANG EUY! URANG SUNDA HEBAT EUY! URANG SUNDA HESE EUY! atawa nu sanesna. mung ieu kaos urang aranan "Kaos USHE". Ayeuna sim kuring sareng tim masih keneh teras ngaproduksin eta kaos. tapi upami teu aya dukungan, tangtos produktivitas eta bakal kacegat. hatur nuhun baktos tantan ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

