Nuhun atuh teh Ely tiasa nepangan panganten.....Baruk..! tos kulimis, muhun tos dikuramas..!, nuhun atuh.....ngiring bingah neng Pupi cep kandar.......Lain teu hayang si teteh ngaluuhan....kumaha da jauh..jeung keur pakeupuk deuih....
ely djulia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ely djulia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahoyong mah nungkulan akad nikah Neng Pupy & Cep Adnan, pami keuna dinten Ahad rupina tiasa dipaksakeun, mung nyakitu tea kumargi ninggang di kemis aya padamelan nu kedah dipayunan heula. Nya ti enjing-enjing oge tos pamit ka pun biang, bade wangsul wengi da bade teras ka jatinangor.Ba'da ashar sim kuring mah nembe tiasa lungsur ti ledeng ngabujeng ka dipatiukur sangkan tiasa naik beus jatinangor ngalangkungan tol. Alhamdulillah enggal dugi ka bumina panganten, da tos emut moal kabujeng ka gedung. Ari gok teh nepangan panganten ....... mani pating puringis, sieun dibejakeun cenah dina milis. Nya moal atuh Neng, Cep, moal beja-beja Teteh mah da teu terang-terang acan. Kapan tuang Ibu nu ngagonjak saurna ieu geura barudak teh bade.....bade malem Jumaahan nya. Mangga wilujeng da parantos halal, saur ajengan oge. Ngiring bingah ........Atuh panganten pameget mani langsung ngabsen tadi siang saurna aya Apih Sidik, Ua Sas, Kang Oman, Kang Boim, Kang Toni, Kang Mamat, Wida, saha deui nya ....... wargi-wargi teh.....Aeh kumargi tos adzan magrib atuh sim kuring jeung Nengsih (nu kantos dibantun waktos kongres di bumi Ua Sas) sholat heula di kamar panganten ...... da dimanggakeun ku panganten nyalira, ......mani seungit kembang hehehe.Wilujeng ka kulawarga besar Neng Pupy sareng Cep Adnan, tambih wargi, rambih rizki, tambih ........Wasalam,Ely
teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Euleuh....kang mamat mani gembul kitu nya.......nuju mamayu saurna......he he, si teteh ngiring bingah sareng ngiring raosnya..!. Kang mamat ...sok obrolkeun aya upacara adat teu...?, sapertos nincak endog, buka pantos, huap lingkung, jeung sajabana.....?, upami aya fotonya enggal kintunkeun ka lembur......Hoyong terang panganten adat sunda jaman kiwari...Salam baktosten tien( tos lami tara ningal panganten adat sunda )
Mamat Rachmat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Puguh abdi oge he-love teu ngabantun "kodak", eta oge gurung-gusuh, maklum
nuju buburuh....
Ngan eta eta waktu angkat ka jatinangor teh dua-an wae sareng Ua Sas...
Sempet padungdengan heula sareng si Ua da nyasab tea ... embung ari
disalahkeunmah.... untung teu marawa bedog...
Basa daftar na buku tamu ... si Ua nanya "Alamatna kumaha euy... ?? ",
"Tulis wae KUSNET" ceuk uing....gutret si Ua nulis...
Terus uing... nulis "Jajakakapaksa-KUSNET" ... si eneng nu jaga ... keur
geulis teh someah deuih... belenyeh imut ningali tulisan uing ....
terus nanya... "Leres akang teh jajaka ?" cenah... "tergantung situasi "
ceuk kuring kalem, bari terus ngaleos... eta si Eneng mencrong bari semu teu
ngarti...
Beres sasalaman ka Panganten... terus ngantri di bagean Martabah...
celebek-celebek si Ua kana martabak beak dua porsi...
Terus pindah kana baso tahu... celebek deui..... bari ngosom ... "lapar euy
tadi can sarapan"...
Beres baso tahu terus ngantri sangu.....Brek-brek meni muncung..., uing oge
teu eleh geleng.... brek brek siga si Ua...
Gek diuk ngarendeng... terus mencrong, ... "Lain Ua .. tadi martabak dua
porsi, terus baso tahu, ayeuna sangu meni muncung.. keur mamayu ?" ceuk
kuring.
"Lain euy... tadi isuk-isuk teu kaburu sarapan, jadi ayeuna di.. JAMA.."
ceuk si Ua ... "Arti eta didinya oge sarua meni loba kitu ?" bari nunjuk
sangu kuring..
"Uing .. enggke rek ngalembur.. da loba pagawean... daharna ayeuna di-JAMA
TAKDIM-keun" ceuk kuring teu eleh geleng...
... Hampura neng empup .... uing jeung si Ua ... garembul..... maklum bumina
di RW-06...
Beres nyangu .. burudul MJ, Bah Willy jeung neng Wida... tas ngantri....
terus dariuk ngarendeng...
Ua Sidik nyered korsi direndengkeun.. pahereup-hareup genep... "Siga rek
rapat KUSNET wae ieu teh.." ceuk kuring..
Terus ngobrol ngaler ngidullll.... Uing ngaharewos ka si Ua..... "Ua rek
nyangu deui...? "....
"Enggeus ah.... beakeun JAMA-na oge.... JAMA naon deui siah ?...TAKDIM
enggeus... TAKHIR enggeus..." bari muncereng....
Beres dalahar... terus di-poto bareng.... terus pamitan... baralik
sewang-sewangan.....
Cag Aah can Shalat Asyarrrr....
Jajakakapaksa
NB : Si Ua Sas nuju ka Batawi... ngalayad ununganana anu baheula .. maot...
----- Original Message -----
From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Friday, December 10, 2004 9:46 AM
Subject: [Urang Sunda] ka resespi nikahna Pupi & Kandar
>
>
> Bah Willy ngajemput ka pangulinan, di mobilna geus nyampak Wida. mobil
> lumpat tapi hese, da jalan suci-cicaheum-ujung cileunyi teh pinuh. ua sas
> nelepon, anjeuna mah liwat toll. atuh pangheulna dugi ka jatinangor. tapi
> teu terang gedong resepsina di mana. nya di sms, gedong kopertis.
>
> bah willy apal, nu seueur bis kota cenah.
> enya, jatinangor teh pinuh ayeuna mah. boh jalana boh paimahan. kuduna
> jalanna digedean heula.
>
> ua sas nga sms, tos ngabaso cenah. tos dugi sigana ka lokasi.
> apal peta uleman, beak ikopin mobil mengkol ka arah kampus unwim -beh
> tonggohna mah, lapangan golf bandung giri gahana. si horeng deukeut ti
> pengkolan eta.
>
> di gedong kopertis eta tos nyampak Ua Sas, kang Mamat Rachmat urut
> Jajakakapaksa tea. di luhur, tempat panganten, tos nyampak Ua Siddik
> sareng bojona. teras aya kang Toni Cibitung. panganten make setelan adat
> sunda. aya grup calung.
>
> miluan difoto jeung panganten sagala. ua sas uih ti payun, ka kantorna
> deui. si kuring sareng bah willy oge wida pandeuri, mulangna mah liwat
> toll da enya leuwih tereh.
>
> mj
>
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
| Get unlimited calls to U.S./Canada |
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

