Assalamualaikum,
baraya
simkuring rek bagi-bagi pangalaman.
Kabeneran kuring boga pamajikan anu sering kaserang nyeri sirah, geus
sababaraha kali dipariksa ka dokter tapi masih tetep keneh wae sering kaserang.
Kulantaran waktu kamari ieu lumayan parna, nya ku kuring teh dianteur ka dokter
saraf. Sanggeus dipariksa ku dokter, ceunah hasil diagnosa na teh, pamajikan
kuring hormon na teu stabil, lamun hormon na keur teu stabil, karasana
nyeuri kana sirah sarta sensitif pisan, gampang ambek-ambekan. Eta ge karasa sih
ku kuring, mun kuring salah saeutik pamajikan teh ngambek na teu euleum euleum.
Tah terus ceuk dokter teh, salian ku dibere obat, ubar nateh kudu rileks, tong
loba teuing pipikiran, tong sering teuing ambek-ambekan. Ceuk dokter deui
ceunah, jalma anu hormon na teu stabil jiga kieu teh karakterna
perfeksionis,lamun nempo aya anu teu beres saetik teh gampang
ambek. sensitif kana nanaon, samisal lamun jalma lain mah ku ac 25
darajat celcius teh biasa tapi mun keuna ka jalma kieu mah bisa ngahodhod,
Ngan aya nu can pertanyaan kuring anu can
kajawab, mana anu mimitina, naha mimitina teh hormon anu teu stabil anu
nyebabkeun eta karakter, atawa karakter eta anu nyebabkeun hormon na teu
stabil?
cag
ah,
nana
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

