Isuk-isuk, poean undangan walimahan panganten Neng Pupi & Kang 
Kandar teh janjian jeung Bah Willy & MJ, sugan pareng bisa 
ninggalkeun kantor seja ngaluuhan eta acara. Bah Willy ngajakan 
tabuh 10, heunteu mastikeun pisan bisa heunteuna, bisi aya halangan. 
Enya bae, waktu dihubungan deui ku Bah Willy jam 10 teh can bisa ka 
Jatingangor. Jam 12.30 si kuring karek bisa ngajugjug tempat 
ondangan bareng jeung indung barudak anu ngahaja nyampeur ka kantor.

Datang ka tujuan teh rada kaporotan da ongkoh inditna make kandaraan 
bogana sarerea. Ngan heunteu cara Neng Elly, layar rohangan ondangan 
mah tacan ditutup. Anu masih kasampak di tempat ondangan teh Ua 
Siddik sareng garwana, sareng Kang Toni-anu nuju titirah di Bandung 
mulih teu damang tea. Hanjakal Ua Sas, Bah Willy, MJ kang 
Jajakakapaksa teu kungsi tepang, kabujeng marulang.

Kurang leuwih 3/4 jam satutasna parasmanan, torojol Kang Iim oge 
sareng garwana. Meunang sajam mah di tempat ondangan, terus bae 
wangsul ngaliwatan jalan tol. Wangsul mah kenging omprengan ti Ua 
Siddik, sakalian sareng anjeuna ngalongok kasepuhan, Kang Idrus di 
wewengkon Gumuruh-Jatimulya. Alhamdulillah nuju aya di bumina anu di 
Bandung. Saba'da ngawangkong, khususna soal gemuk Hydrasil, teras 
bae si kuring wangsul deui ka kantor. Ari Ua Siddik mah langsung 
ngajugjug bumina di Bogor.

Wilujeng Neng Pupi & Kang Kandar, pamugi rumahtangga hidep duaan teh 
jadi rumah tangga anu sakinah, mawaddah, warohmah. Akad nikah anu 
nembe karandapan minangkan pangipukan cinta asih anu terus tumuwuh 
subur: "Growing in Love" tea, lain "Falling in Love", sabab anu 
ragrag mah sok tuluy buruk.

Baktos,
manAR



Baktos,
manAR

--- In [EMAIL PROTECTED], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Bah Willy ngajemput ka pangulinan, di mobilna geus nyampak Wida. 
mobil
> lumpat tapi hese, da jalan suci-cicaheum-ujung cileunyi teh pinuh. 
ua sas
> nelepon, anjeuna mah liwat toll. atuh pangheulna dugi ka 
jatinangor. tapi
> teu terang gedong resepsina di mana. nya di sms, gedong kopertis.
> 
> bah willy apal, nu seueur bis kota cenah.
> enya, jatinangor teh pinuh ayeuna mah. boh jalana boh paimahan. 
kuduna
> jalanna digedean heula.
> 
> ua sas nga sms, tos ngabaso cenah. tos dugi sigana ka lokasi.
> apal peta uleman, beak ikopin mobil mengkol ka arah kampus unwim -
beh
> tonggohna mah, lapangan golf bandung giri gahana. si horeng 
deukeut ti
> pengkolan eta.
> 
> di gedong kopertis eta tos nyampak Ua Sas, kang Mamat Rachmat urut
> Jajakakapaksa tea. di luhur, tempat panganten, tos nyampak Ua 
Siddik
> sareng bojona. teras aya kang Toni Cibitung. panganten make 
setelan adat
> sunda. aya grup calung.
> 
> miluan difoto jeung panganten sagala. ua sas uih ti payun, ka 
kantorna
> deui. si kuring sareng bah willy oge wida pandeuri, mulangna mah 
liwat
> toll da enya leuwih tereh.
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke