wa'alaikumsalam
atuh... teh lien.. iraha2 deui mah mun kitu sok hubungan US jakarta,
kiwari rada keur rhaged bari keur kompak...
tadi enjing2 oge karek karempel di UI depok 
insya allah laporanan engke wengi didugikeun

baktos



On Sat, 11 Dec 2004 01:51:51 +0800 (CST), Lina Wiati
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  
> Assalamualaikum wr.wb, 
>   
> Wargi US sadayana haturan kumaha daramang. Ah sim kuring teh Wargi nu langki
> ngulampreng di lembur ieu. Tapi sakedap deui ge bade ngempel sareng wargi
> Sunda Sa-Batam Bintan. 
>   
> Minggu kamari tanggal 3-5 Desember sim Kuring teh amengan ka ditu ka Gunung
> Gede di Bogor. Tadina bade  nganjangan ka wargi US nu di Bogor mung waktosna
> nu samporet janten enggal2 uwih deui ka Batam da mung cuti dua dinten. Eta
> ge bela-belaan bakat ku hoyong pisan naek ka Gunung Gede anu ku barudak
> pendaki mah kasohor pisan eta  gunung teh. Kasohor gunung anu pabeulit pisan
> ku paraturan. Kasohor gunung pangkotorna ku runtah, kasohor ku mancarupi
> tutuwuhanna. 
>   
> Euuhh meni Endah pisan gening diditu teh. Komo di alun-alun Surya Kencana na
> mah eta kembang edelweis meni ngampar satungtung titingalian. Di puncak
> Gunung oge bisa ninggal ka handap ka sabudeureun Bogor Cipanas. Gigireun
> gunung Pangrango anu gagah, di kajauhan belah kulon katinggal gunung Salak
> jeung pamandangan laenna anu moal bisa dipopohokeun. 
>   
> Ari ti Batam mah nyalira mung di Jakarta pendak sareng rerencangan milis
> pendaki anu sanes. Anu ngiring aya oge ti Bali sareng Balikpapan.Teras warga
> Jepang anu damel di Japan Airline. Nu sanes na mah seuseueurna ti Jakarta,
> Bandung sareng Depok. 
>   
> Dina obrolan teh Senior abdi anu ti Bali ngadongengkeun carita anu aya di
> Gunung Gede eta. Carita hiji mangsa aya pendaki anu kawenehan Kareta Kencana
> milik prabu Siliwangi. Teras sakedap ngabahas Eyang Surya Kencana. Tah eta
> anu panasaran pisan sim kuring mah. Kumaha jujutanana carita Eyang Surya
> Kencana teh da rerencangan eta teu ngaguar langkung jelas. wargi aya nu
> terang carita Eyang Surya Kencana? 
>   
> Tah ieu aya foto2na. Sim kuring anu nggango kerudung hideung dina foto
> bareng-bareng. 
>   
> http://photohighcamp02.tripod.com/gede04/index.htm 
>   
> Wassalam 
>   
> Lien
> 
>  Yahoo! Mobile
> - Download the latest ringtones, games, and more! 
> 
>  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> 
>  
>  
>  Yahoo! Groups Sponsor 
>  
> 
> Get unlimited calls to 
> 
> U.S./Canada 
>  
>  ________________________________
>  Yahoo! Groups Links
>  
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke