Title: Nepangkeun
Wa'alaikum salam...
Wilujeng ngariung mungpulung di ieu lembur teh Titi, bagja kacida yeuh nambihan baraya di Lembur Kusnet.. mugia sing betah tinekanan, sok geura guar pangalaman sareng pangaweruh.. abdi engke anu mulungan..heuheuheuheu...
 
sakantenan sim kuring oge bade ngawanohkeun maneh ah ka Ten /Neng Titi, wasta sim kuring teh Cecep Wahyu, di lembur ku pun raka sok dicalukan teh Ule atanapi U'ul padahal ieu kulit teh geus teu bodas deui, da angger kajeun bodas oge moal aya anu nyangka Bule, da pend�k tea..hehee.. ayeuna kuring teh kuli bin damel janten karyawan pabrik di PT. Pepperl+Fuchs Bintan, anu ayana di KIB Lobam, P-Bintan. ateuh dina statusna, sim kuring teh nembe gaduh anak awewe hiji, oge kitu pun jikun pasti awewe anu oge nembe hiji... ( moal nambahan siganamah.. :p )
 
Teh, naha gaduh nami teh mani sami persis pisan sareng pun biang? abdi keh bilih nyauran Mamah ka Teh / Neng Titi heheheee.... ( sanes heureuy nyaanan ieu mah nami pun biang oge Siti Julaeha )
 
Mangga neng teraskeun, sareng bilih bade miceun sutres sareng silih gonjakan silih eledan..mangga dihaturan amengan ka Warung Leboy..
 
Wassalam
Baktosna

 -----Original Message-----
From: Julaeha, Siti [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Saturday, December 11, 2004 2:22 PM
To: Urangsunda (E-mail)
Subject: [Urang Sunda] Nepangkeun

Assalamualaikuuum....

Punten ka sadaya wargi kusnet, abdi hoyong diangken janten warga ieu lembur, kenging teu nya...sakantenan hoyong diajar basa sunda da rumaos sanajan urang sunda tapi teu tiasa ari nyarios sunda anu sae mah. Ari nami abdi teh Siti Julaeha, cekap we di sebat Titi, ayeuna nuju damel di Cikarang di perusahaan Barbie.Kawit mah ti Kuningan mung kulantaran damel di Cikarang nya ayeuna teh linggih di Cikarang Baru. Tos sakitu we heula, hatur nuhun.

Wassalam
Titi



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke