Para wargi Kusnet sadaya, saparantos sim abdi kakurung bangbaluh,
teu tiasa noongan ka milis, salami sasasih dilembur anu singkur,
ayana ditutugan gunung Salak, alhamdulillah dina dinten ieu Minggu
ping 11 Desember 2004 tabuh 06.30 waktos Korea, sim abdi parantos
dugi ka Korea, kirang langkung tabuh 08.30 dugi karorompok, da
diselang ku ngopi heula di bandara (asa waregah karorompok kosong
enggal-enggal teh), saba'da mukaan koper teras ngahurungkeun kompi,
ditoel di YM ku Teh Tien sareng cep Eko, reres chatting goledag
mondok, nyaring-nyaring tabuh 11.20 teras ngaliwet disambung ku
neda, teras mukaan surelek, ti ngawitan kaping 12 Nopember 2004.
Salami mukaan surelek, aya kareueus sareng kabungah anu taya
hinggana sagedengeunana aya oge kamelang.
Kareueus sareng kabungah, rehna hasil riungan di Cimalati teras
dipaguntrengkeun di milis, oge seueur wargi-wargi urangsunda anu
enggal, wilujeng sumping kapara wargi enggal, wilujeng ngempel
di "lebak cawene".
Kamelang, seueur wargi urangsunda anu nuju kenging cocobi (teu
damang), kukituna sim abdi ngiring ngabantos kudu'a mugi para wargi
anu teu daramang sing enggal-enggal dipaparin kasehatan sapertos
bihara bihari.
Hususon kanggo para wargi anu teu kantos tepang di Cimalati sareng
di Jatinangor, leuir-leuir oge sim abdi ngahaturkeun : "Wilujeng
Boboran Siam 1425 H", nyanggakeun samudaya kalepatan, mugi kersa
ngahapunten tilahir dumugi ka bathin.
Mangga sakitu bae heula kanggo samentawis mah.
Pihatur
SSW
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/