Uluh.... ieu urang Florida nembe ngulampreng deui ka babakan.., damang kulan...???
kamana bae atuh, dugika ampleng-amplengan...???.
Nuju rarepot kitu...??, ulah ngampleng deui ah, itu sadaya baraya di babakan deudeupeun.
 
Pihatur
SSW


Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
Nepangkeun kasadayana ti Oeking...,punten abdi nembe ngulampreng
deui ayeuna, ma'lum heurin ku lengkah, sareng seueur pisan paculeun
teh.
Salam kasadayana utamina ka Kang Sidik (Eyang Cikoendoel)ti oeking.
Kanggo ka Kang Oman.., cik punten manawi terang sajarah Dayeuh luhur pang japrikeun ka abdi [EMAIL PROTECTED], pangpangna ngeunaan
Eyang Jaya Perkosa, abdi leungiteun tapak yeuh, saurna abdi aya
runtuyan ti dinya.(maklum nuju buburuh macul di lembur deungeun
abditeh sami sareng kang Sidik( Cikoendoel)da lamun di Bandungmah
tos diudag kaditu..., punten sateuacanan.

Baktos
Oeking-ti Florida








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke