punten teu nangkep, no clue ceuk buleware mah.

irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dina papan tulis diserat :
- hardware
- software
- brainware

bu guru \> cing ngacung anu tiasa hardware ....?
murid    \> abdi buuu.......
bu guru \> cing ngacung anu tiasa software.... ?
murid    \> abdi buuu....
bu guru \>cing ngacung anu hoyong janten brain ware
murid    \>punten bu, maksadna brainware didieu teh naon, bu ?
bu guru \>maksad na teh anu ngoordinasi, nyusun program kerja &
target-target na, ngabagi sumber daya manusa na. pokona "think tank"
na ari ceuk urang legok hangseur mah.

murid    \>oooohhhhh.

bu guru \>tah ayeuna, saurang-saurang kapayun, cing nyerat dina bor
hoyong ngiring kana kelompok mana, naha hardware, naha soft ware,
atanapi brain ware.

murid  \> (bari paheula-heula) urang heula, urang heula....eee...urang heueula.

dina papan tulis ayeuna aya tilu kolom anu eusina ngaran-ngaran murid
anu siap ngerjakeun tugas dina widang hardware, software jeung
brainware.

bu guru \> emh, aya ku kayungyun barudak teh, meni palinter. sok
ayeuna mah unggal kelompok ngadamel sub koordinator kanggo
ngoordinasikeun padamelan masing-masing kelompok. teras kade ulah
hilap tiap sub koordinator engke ka kantor ibu. nya bageur. ibu
ngagaduhan PR, tapi upami tiasa di kerjakeun, engke peunteuna ageung
pisan. oge insya allah PR ieu teh ageung pisan mangpaatna kanggo
masyarakat.


On Mon, 20 Dec 2004 05:37:12 +0000 (GMT), Tirta widjaja
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kang Oman sareng baraya sadaya di bakus,
>  
> Moal panjang pondok kekecapan, abdi mah satuju & saluyu kana penjelasan
> sareng pamadeg  Kang Oman. Leres urang teh peryogi buktos sanes harewos
> hungkul. Supados janten aya hasil nyata, naha peryogi kitu urang ngadamel
> Task Force. Sok US nu minat mangga urang super intensif nalungtik oge nyieun
> program nyata, gawe babarengan!!!
>  
> salam
> tirta
> (nu minat IT jeung keur tikerelep dina IT bakat ku hayang ngarti)
>  
>
> Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Secara individu seueur US anu nyongcolang dina widang IT. Upamana
> bae, anu gaduh salah sawios website kasundaan teh ngarupikeun salah
> saurang ahli anu dikontrak ku Microsoft kanggo kamajengan bisnisna
> di Indonesia. Oge aya rerencangan (US oge, ibuna teureuh Sumedang-
> Galuh) anu gaduheun (sareng ramana) pausahaan gerak dina widang
> microchip, pabrikna di Singapur. Anjeunna anom keneh pisan, nembe
> lulus S-1 tahun 2000. Sanajan masih ngora, anjeunna teh kalebet tim
> ahli IT provinsi Jabar. Pon kitu deui, di lembur Kusnet, seueur
> pisan ahli IT. Kukituna, kalemahan dina widang IT teh, leres
> sakumaha dipostingkeun ku salah sawios anggota Kusnet, kirang
> koordinasi sareng gawe bareng tea.
>
> Kanggo gerak dina widang IT, utamana dina ngusahakeun informasi anu
> merenah jeung luyu pangabutuh masyarakat tiasa diakses ku masyarakat
> kawalan gampil, Kang MGT, salah sawios pupuhu di YP/Kusnet tos
> ngagaduhan konsepna. Target anjeunna luyu sareng sakumaha
> dina "peraturan perundang-undangan" ngeunaan informasi, ngadegkeun
> BIM (balai informasi masyarakat) di tiap kacamatan tea. Namung
> nyakitu geuningan, dina seuhseuhanana mah diasongkeun ka anu cenah
> beunta ngeunaan IT oge sacara finansial aya kamampuhan, teu acan
> batu turun keusik naek.
>
> Sigana kalemahan US anu nyongcolang teh memang dina gawe bareng tea,
> alias rada hese paheuyeuk-heuyeuk, koordinasi jeung silih majukeun
> (tapi kuring yakin, heunteu kabeh US kitu). Kungsi kuring nandaan
> hal ieu salaku warisan kuat budaya huma, hirup soliter/individual
> anu dina mangsa ayeuna kurang nguntungkeun jeung tangtangan anu
> disanghareupanana geus robah. Kukituna upama US tiasa ngawangun gawe
> bareng, komo bari diparajian ku icikibung dina internet/IT,
> kalintang baris jadi hiji lengkah anu kecida ageung pangaruhna tur
> jadi "preseden" sae. Ngaruntuhkeun karakter anu kurang sae tea bari
> ngawangun karakter anu leuwih luyu jeung kaperluan nyanghareupan
> tangtangan jaman, saheunteuna, upami teras nanjung aya
> lajuninglakunan, baris jadi hiji "bench-mark".
>
> Ngeunaan widang garapan anu pakait sareng IT, ti heula kungsi
> dipostingkeu oge, informasi anu pakait sareng pangabutuh rahayat
> loba, khususna patani tea. Upamana, ngeunaan "distribusi" jeung
> jumlah pepelakan hiji komiditas tatanen (sayur) di hiji daerah.
> Supaya patani heunteu usum-usuman dina melak hiji komoditi pertanian
> teh anu antukna "over production" tea, kasadian gemuk jeung sarana
> tatanen sejenna, jrrd. Ngan nyakitu, upama ukur dipadundengkeun di
> alam maya mah moal anggeus jeung moal aya lajuninglakuna.
>
> Baktos,
> manAR
>
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! � Try it today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke