|
Kudu caringcing pageuh kancing
saringset pageuh iket, bisi aya maung ngamuk gajah meta eta bagean Kang Agus
Pakusarakan he... he... (Pakusarakan? siga bataliyon anu
dicimalaka-sumedang). Aya anu kasamarkeun dina warta ieu saleresna mah
diantawisna perkawis jalmi anu namina "Bambang Sutresna/BS (anak angkat)"
sareng "Dede Nurjanah/DN (calon istri Elwin)" ieu teh asli urang sunda,
upami teu lepat mah urang garut eta teh anu tos biluk janten nasoro upami
aya anu hoyong terang cariosna mangga parios ka reskrim polsek bandung tengah
anu ngurus kasus ieu. BS teh saleresna mah kapungkurna mah
jalmi muslim anu leket ibadah, raraka anu tos munggah haji basa
ngabesuk ka mapolres diwartosan yen raina nyebrang agama ngadadak
"kapiuhan........" Naha nya? eta batur mani ngaguliksek pisan hayang murtadkeun
urang sunda teh padahal ku cara-cara anu teu bener sihir, intimidasi
jeung paksaan kumaha balukarna engke?
Kang Warso-na mah urang wetan asana
mah tapi tos dumuk ditatar sunda, kukituna wajib dilindungi hak-hakna ku
karajaan (Raja) sunda.
Wassalam,
dudi_ss
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Bambang S & Dede N ... dudi
- Re: [Urang Sunda] Bambang S & De... Zamhur \"PAKUSARAKAN\"

