kang oman, cing kunaon sababna, nalika urang cianjur
ngamekarkeun seni kawih, disebatna teh "tembang
cianjuran". tapi nalika urang tasik, mang koko,
ngamekarkeun seni kawih oge, katelahna teh sanes
"tembang singaparnaan" atanapi "tembang
tasikmalayaan", tapi kacelukna teh "mang koko-an".
naha aya tumalina sareng mangsa mekarna eta kasenian.
cianjuran tumuwuh dina mangsa karya seni atanapi
sastra teh sok dianggap karya umum, sok tara kapireng
saha anu nganggitna. ari mang-koko mekarna leuwih
kabehdieunakeun. dina mangsa hiji karya teh janten
karya kreatifitas pribadi. 

nyimpang sakedik. ari ngadangu mang koko teh, kuring
jadi ras emut ka rerencangan sakola di bandung. cenah
mah masih keneh kulawargina mang koko, alona asana
mah. lain pedah eta batur kuring teh parigel ngawih
jiga mang koko, tapi ku beuki heureuyna. kadang-kadang
heureuyna teh sok "teu uyahan". hehe. hiji mangsa
manehna nanya ka batur-batur. "hayang nyaho obat keur
lumpat tarik?" cenah. terus manehna teh newak ucing
jalu. eta ucing jalu teh bujurna ditarasonan. na eta
mah, barang dileupaskeun, ucing lumpat
sakalumpat-lampet. tah eta cenah obat lumpat mujarab
teh. hehe deui.

salam,
mh

--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ieu Kang 2 diantara rumpaka kacapi-suling Mang
> Koko-an: "Kembang 
> Impian" sareng "Samoja":
> 
> KEMBANG IMPIAN
> 
> Antara lolongkrang kiceup, urang pateuteup
> Bulan pias eunteup na lalangse kayas
> Kaca jandela nu muka, kaca katresna nu muka
> Peuting the teuing ku jempling, asih the teuing ku
> wening
> 
> Pangharepan lir laut nu jero, teu katepi ku sora
> panggero
> Urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
> Urang tataran ku karep jeung pangharepan
> 
> Tong teuing ngedalkeun lisan, urang teuleuman
> Na ciptaan, bagja deudeuh patembongan
> Geter ti ati  ka ati, iber jadina pasini
> Saranggeuy kembang impian, sungkemeun kana lahunan
> 
> SAMOJA
> 
> Kedalna asih na wulan pinuh mamanis
> Hiji jangji pasini na laswining wanci
> Mangsa samoja jongjon kembangan
> Duh� eulis, langit lenglang, angin rintih dina ati,
> aduh
> 
> Lalakon lawas na wulan pinuh katineung
> Aya jangji pasini nu heunteu ngajadi
> Mangsa samoja geus ngarangrangan
> Duh ieung�langit angkeub, samagaha dina hate, geulis
> 
> Ayeuna kantun waasna jungjunan
> Lalakon ka tukang diteang ngan ku ciptaan
> Kamari nu pamit, kamari nu pamit 
> Datang deui na kalangkang
> 
> Ayeuna tinggal nganglesna jungjunan
> Lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan
> Kamari nu leungit, kamari nu leungit
> Rek lebeng mo deui datang
> 
> manAR


=====
bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
The all-new My Yahoo! - Get yours free! 
http://my.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke