1. wawalun  : saputangan gede paranti  mungkus, walun : bungkus
2. lalangse : reregan
3. gogodong : bagian sarangka keris anu luhur (anu rubak)
4. kikitir  :  kertas ciri, upamana kikitir pajeg.
5. ruruncang : a. tengah-tengah biwir luhur anu legok handapeun kakaweng irung, b. lelegok gobang atawa keris.
    (runcang = asihan, kemat)
6. ruruba : upah atawa buruhan anu dibikeuna make aya maksud supaya ditulung.
    (sigana duit meunang korupsi ge bisa disebut ruruba - MSas)
7. kukumbung : lawon anu dipasang (digantungkeun) dipake pipinding.
8. kokombong : kuah kuda, jukut meunang nyacag dicampuran huut lembut atawa bangsal, aya nu sok dicampuran onggok oge, digalokeun tuluy dicaian  wadahna kana tahang atawa ember.
 
MSasmita
meunang nyutat tina buku Pamelaran Basa III/ RI Adiwijaya, ME Sumapraja/ JB Wolters/ 1951, no 8 tina KUBS
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke