Hatur nuhun Kang Zam informasina, leres mang Koko kawitna mah rupina kalebet seniman kontemporer. Kaayeunakeun geuningan kacapi-suling wanda anjeunna teh aya anu ngalebetkeun salaku seni tradisi. Horeng tradisi teh tiasa "diciptakeun", heunteu kedah dina zaman baheula bae, dalah dina mangsa urang kumelendang di alam pawenangan ieu.
Nyimpang sakedap, naon anu kajantenan dina prak-prakan kaagamaan oge horeng heunteu beda-beda teuing. Gerakan paham kaagamaan anu kawitna ngarupikeun "pembaruan" kana tradisi, lami-lami ngajanggelek jadi tradisi anu anyar. Sedeng anu teges-teges tradisi, kulantaran geus teu dipikawanoh deui, dianggap "pembaruan" anu nyimpang atawa...sempalan tea. Padungdengan seni antara tradisi vis a vis kontemporer, kungsi kaalaman waktu aya pagempungan di Bapeda Jabar dina raraga ngaringkeulkeun jejer rarancang pangwangunan regional makro jawa barat widang kabudayaan. Pamendak salah sawios dosen STSI, antara tradisi-sareng kontemporer saleresna heunteu kedah dipagedrugkeun. Tradisi ngarupakeun sumber mekarna anu kontemporer. Pon kitu deui, seni anu kontemporer tiasa diajak babarengan dina ngamanfaatkeun hasilna pikeun mulasara seni tradisi anu jadi biangna. Anu lapat teh sigana upama terus ngagugulung tradisi bari heunteu engeuh yen kamajuan merlukeun kamekaran tradisi, dina harti tetep heunteu mopohokeun anu aslina. Pon kitu deui, kawilang salah teh upama mekarkeun anu kontemporer samata-mata ukur keur udagan saayeunaeun, alias anu "profan" tea. Anapon Mang Koko, tina sajarah kahirupnana urang tiasa terang, yen anu kontemporer anu mekar ti anjeunna teu aya lian, sakumaha pamadegan Kang Zam, kreativitas pikeun ngungkulan tangtangan jamana. Upamai nengetan rupi-rupi ciptaan anjeunna, estuning pinuh ku tawis kreativitas sarupi kitu. Upamina, nalika anjeunna masih di bali geusan ngajadina di Indihiayng, tos mucunghul kreativitas jeung kancan-kancana di eta lembuir sakumaha ketakna grup kasenian "Kaca Indihyang". Nalika anjeunna nyepeng kalungguhan salaku guru atanpi tugas di instansi pamarentahan widang atikan, tumuwuh kreativitas "mateakeun seni pikeun dunya tikan" atawa sabalikna, "mulasara kasenian ku sosialisasi ngalangkungan dunya atikan". Buku kawih "Cangkurileung" jeung "Yayasan cangkurileung" ngarupakeun bukti kreativitasna dina hal ieu. Ciri anu sanesna kumaha ageung ajenna seniman Mang Koko teh dina lebah leah manah gawe bareng sareng seniman sanesna. Sababaraha kawih anu jadi pinunjul mangsa harita, lahir tina kreativitas jeung sumanget gawe bareng. Kalan-kalan Mang Koko anu ngabidanan nu nyiptakeun aransemen, seniman /sastrawan sanesna ngeusian rumpakana. Kalan-kalan gura-giru Mang Koko nyieun wadah pikeun merenahkeun rumpaka salah sawios seniman kolegana anu kalintang saena. Ku cara kitu lahir kawih-kawih anu kamasyhur kayaning "Malati di Gunung Guntur", "Anggrek Japati", "Samoja", "Bulan Mayung di Langit Bandung", "Hamdan", jst. Ciri "kebesaran" Mang Koko salaku seniman anu sanesna anu pinunjul eta kareueus jeung kanyaah ka lemah cai jeung alam lingkungan sabudeureunana. Ieu katawis sakumaha dina karya-karyana anu pinuh ku rasa kacinta, kanyaah jeung panggero sangkan mulasara lingkungan (kabuyutan) urang. Dina leresan dieu sawanda, panggero pikeun hirup rukun, akur, sabilulungan, jsb, ngarupakeun eusi tina sabagean gede karya-karya Mang Koko. Tetela, kreativitas anu lahir tina sumanget ngungkulan tangtangan kahirupan bari tetep mulasara duduluran, lingkungan jeung laku lampah anu kapuji sanesna heunteu pagedrug sareng "dikotomi" tradisi vs kontemporer. Dina seuhseuhanana, kreativitas sarupi kitu teh malah ngalahirkeun salah sahiji kabeungharan mazhab kasenian, khususna di Tatar Sunda. Cag heula Kang. Hapunten perkawis "Tembang Cianjuran" mah teu acan katoel. Baktosna, manAR --- In [email protected], "Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Oman, > > Nu mawi urang Sunda mah tong alergi kana "madzhab sempalan" teh. Alergi kana > wanda anyar mah matak ngalumpuhkeun kreativitas. > > Tansah, > zam > > ----- Original Message ----- > From: "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> > To: <[email protected]> > Sent: Wednesday, December 22, 2004 10:18 AM > Subject: Re: [Urang Sunda] lagu > > > > > > > > Kang Surya, > > > > Upami rajin mukaan arsip file, kantos aya anu posting sababaraha > > rumpaka lagu wanda kacapi suling karya Mang Koko atanapi Mang Koko > > gawe bareng seniman Sunda sanesna. Diantaran kungsi diposting ka ieu > > milist kawih-kawih: "Malati di Gunung Guntur", "Samoja", "Kembang > > Impian", jsb. Malah lain bae rumpakana anu dipedar teh, oge tafsiran > > rumpakana, sabisa-bisa. Ngan nyaeta, icikibung dina milist teh arang > > langka mukaan file samemehna, tepi ka sok siga anyar deui anyar deui > > jejer paguneman teh. Tamaha bae, kitu tabeatna patepung di alam maya > > > > Baktos, > > manAR > > --- In [email protected], bigguy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > Ieu salah sawiosna: > > > > > > Tatalegongan > > > > > > Bangkong dikongkorong kujang > > > Ka cai kundang cameti > > > Da kole, > > > Kole di buah hangasa > > > Ulah mopo memeh leumpang > > > Da hirup, > > > hirup katungkul ku pati > > > hirup katungkul ku pati > > > Paeh teu nyaho dimangsa. > > > > > > Saleresna seueur keneh rumpaka kacapi suling teh, mung > > > pami diserat di dieu mah, pisakumahaeun panjangna. > > > Pami peryogi, sim kuring aya bukuna. Atuh pami bade > > > sakantenan ngiring latihan, mangga, tiap dinten jumaah > > > biasana mah. > > > > > > --- Surya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > > wilujeng siang > > > > > > > > aya nu gaduh lagu kacapi suling, atawa lagu naon weh > > > > punten di japri weh atawa deng ka lembur ge teu > > > > nanaon > > > > > > > > > > > > baktos > > > > surya > > > > > > > > > > > > > ===== > > > > > > > > > __________________________________________________ > > > Do You Yahoo!? > > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > > > http://mail.yahoo.com > > > > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

