Hatur nuhun Kang Oman. Mung cara/jalan nyambungkeun ka masing-masing kabupaten/wilayah di TS rupina "terbatas", da kedah gaduh koneksi/contact person. Aya hiji cara nu tiasa dilakukeun nyaeta Kusnet Bandung resmi nepungan DPRD/Pemda Jabar/Banten ngainformasikeun perluna S3. Cara nu lain nu tiasa dilakonan US Jakarta & sakurilingna nyaeta ku gaduh pamaksadan bade nepangan DPD. Nu kapikir sim kuring mah sugan info tumali jeung S3 di TS tiasa didugikeun ka DPRD/Pemda/DPD nu engkena disebarkeun ka kabupaten/wilayah di TS.
Mangga baraya kumaha pamendakanana ngeunaan hal ieu.
baktos
tirta
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kan Tirta,
Kango Cianjur sareng Jabar selatan, dina leresan musibah longsor,
parantos aya peta-na (peta gerakan tanah), mangga di kantor abdi
sayogi peta anu dimaksud. Kantun ngemutan kumaha cara ngadugikeunana
sareng penyuluhan anu diperyogikeun ka masing-masing Pemda anu
wewengkonna pakait sareng ieu potensi bencana.
Kanggo bencana gempa bumi di laut anu potensial nimbulkeun tsunami,
abdi tiasa nganteur Kusnet ka Kang Jajang. Anjeunna teh doktor
widang geologi anu janten Kepala Puslitbang Geologi. Salah sawios
stafna, nya Kang Engkon Kertapati tea anu kamari dina "PR"
ngadadarkeun perkawis gempa sareng tsunami. Mangga upami Kusnet bade
sasayogian informasi gempa kanggo S3 tea, sim kuring sayogi nganteur
nepangan arenjeuna.
Baktos,
manAR
--- In [email protected], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Ka wargi sadaya ulah hilap shalat ghaib kangge muslimin wal
muslimat nu dipundut ku Allah SWT.
>
> Perkawis S3 rupina dugi ka danget ieu nembe Cianjur nu action/tos
Siaga 3. Mugi lengkah pemda/masyarakat Cianjur tepa ka kabupaten
sanesna. Aya henteu nya "action" ti Pemda Jabar & Banten & Jateng
ngoordinasikeunana? Atanapi kumaha carana urang ngingetkeun Pemda
Jabar, Banten & Jateng?
>
> salam
> tirta
>
> oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> ..........
> Kanggo siaga (S3) di Tatar Sunda: memang di laut pakidulan TS aya
sababarah titik rawan bencana alam lini (gempabumi). Upami ieu lini
ngalangkungan angka 8 skala ritcher, tiasa janten nimbulkeun tsunami
ageung sakumaha kajantenan di Aceh. Anu pangaweruh teu acan dugi teh
dina nangtukeun iraha persisna lini baris kajadian. Kukituna, siaga
teh diantarana, Pemda Jabar sareng kabupaten-kabupaten anu
ngagaduhan basisir di pakidulan TS saenggalna kedah carincing pageuh
kancing, saringset pageuh iket. Sistem tangara munggaran (early
warning atawa peringatan dini) kedah ngawitan dijalankeun. Atuh
kapayun, saena tata ruang di basisir teh diatur deui, ulah seueur
teuing pamukiman anu napel ka biwir laut. Pon kitu deui, tutuwuhan
sarupaning bako jeung nu sejenna anu tiasa ngerem tsunami, sakedahna
dibudidayakeun sareng dipiara di sapanjang basisir
> ..........
> Rupina sakitu bae heula (nuju hareugeueun ku kajadian musibah
tsunami di Aceh)
> Baktos,
> manAR
>
> Ngeunaan pangrojong atanapi sumbangan, mangga ngiringan, bade
sewang-sewangan
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends
today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

