tadi si kendi, adi nu bungsu nga sms, menta keur menta izin dosenna jeung menta izin ka kuring salaku lanceuk panggedena, yen manehna rek ka Aceh, jadi relawan. cenah berangkat isuk jam 15-an, rombongan itb 25 urang, tentara siliwangi 75-an, kana hercules cenah.
nya atuh jung bae, peupeuriheun si kuring moal meunang izin di indungna tizzy. sanajan ditalek heula, maneh bisa naon di ditu? nya cenah naon bae sabisa-bisa, ngagotongan janasah oge daek cenah. heug atuh. aya cenah nu nyangkut kana sakolaan, mitigasi gempa. teuing naon -sakolana geofisika. ulah lila teuing, cekeng teh. sapuluh poe cenah rencana teh. kade we ujian akhir semester kaliwat, nya ari kaci mah diundur atawa meunang dispensasi. mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $4.98 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

