Kang Agus, 

Sumangga ieu aya info ngeunaan panganjrekan salami di jakarta. Upama 
bahan katampi, pamugi ieu heunteu kalebet promosi. Taya sanes kanggo 
badarat bae, keur ubar karawanan di jalan kasampangan.

Departemen tempat si kuring gawe teh nyadiakeun wisma anu tiasa 
dianggo sanes bae ku karyawan departemen, namung oge ku masyarakat 
umum. Dupi alamatna ieu:

"Wisma Geologi"
Jl. Kalibata Selatan I/c No. 86 A
Jakarta Selatan

Eta wisma upami ti kota tiasa dijugjug nganggo Bus Patas RMB 15, 
upami ti sabudeureun Thamrin tiasa nganggo Metro Mini 604; upami ti 
Kalideres tiasa nganngo Bus Patas RMB 81; sedeng upami ti Senen 
tiasa nganggo Bus Patas RMB 60.

Tarif sewa kamar tiap wengi ringkelanana kieu:
Lantai 1 & III    : Rp 25.000,- per orang ( 1 kamar 2 orang)
                    Rp 35.000,- per orang ( 1 kamar 1 orang)
Lantai II         : Rp 35.000,- per orang ( 1 kamar 2 orang)
  (VIP)           : Rp 45.000,- per orang ( 1 kamar 1 orang)

Fasilitas kamar   : AC, TV, jeung kamar mandi
Kamar pengemudi   : Rp 15.000,- per orang

Harga manakanan + minuman : marirah lah, mangga uningaan bae di 
tempatna. Upamana bae, nasi goreng telor teh ukur Rp 3000,- per 
porsi. Paket makanan Rp 35.000,- ngawengku: snack 2x, makan siang 
jeung makan malam.

Mangga ieu alamat "pemesanan: atawa kontak person:
Tlpn : 021-8280772 (jam kantor)
       021-8655816 (di luar jam kantor)
Bp. Sugiatmo : 021-79182985.

Sakitu bae, pamugi aya manfaatna.

Baktos,
manAR

   



--- In [email protected], agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Oman
> 
> Hatur nuhun Pisan kana info na, 
> 
> mugi-mugi  Allah salawasna nangtayungan urang
> sadayana, di jauhkeun tina bala & marabahaya
> 
> Salam Baktos
> agus rohmat
> 
> --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > 
> > Ti heula kungsi aya anu posting perluna Kusnet
> > ngalalanyahan usaha 
> > atawa kagiatan dina widang "family homestay". Tuh
> > geuningan, apan 
> > heunteu kungsi lila ieuh tos karaos perluna
> > informasi sarupa "family 
> > home stay" ieu. Nembe sim kuring ngajapri ka Kang
> > Agus, supaya 
> > ngahubungan Kang MGT, kawuwuh anjeunna linggih di
> > sabudeureun 
> > Matraman, rada caket ka Mampang atawa Pancoran.
> > Atawa, mangga atuh 
> > ka dulur-dulur anu linggih di sabudeureun Mampang,
> > Pancoran, jeung 
> > sabudeureunana, geura bantosan Kang Agus Rohmat
> > sakulawargi.
> > 
> > Baktos,
> > manAR 
> > --- In [email protected], "Agus Rohmat"
> > <[EMAIL PROTECTED]> 
> > wrote:
> > > 
> > > Punten ka sadayana
> > > ngiring ngarewong yeuh...
> > > 
> > > Kaleresan abdi teh bade ngajak istri ti bandung ka
> > jakarta,tp teu 
> > > acan gaduh bumi jadi rencana na teh bade milarian
> > kontrakan bumi 
> > nu 
> > > alit atanapi paviliun 
> > > 
> > > manawi aya nu gaduh info perkawis kontrakan di jkt
> > terutam daerah 
> > > mampang, pancoran, atanapi sabudereun na , diantos
> > pisan
> > > 
> > > hatur nuhun pisna ka sadayana, upami nu gaduh info
> > kirim ka abdi 
> > we 
> > > Japri nya.
> > > 
> > > wassalam 
> > > agus rohmat
> > > 0811957603
> > 
> > 
> > 
> > 
> 
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Send a seasonal email greeting and help others. Do good. 
> http://celebrity.mail.yahoo.com





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke