Zona subdiksi (subdiction zone) teh panjang. Ugeranana, zona eta teh 
nya wewengkon tempat dua "lempeng" anu beda massa jenisna patepung. 
Anu dimaksud teh lempeng samudra (anu jadi alas lautan; kahade sanes 
laut) jeung lempeng benua. Tah daratan Indonesia tepi ka sisi beulah 
kulon (basisir Sumatra)jeung beulah sisi beulah kidul (basisir 
kiduleun P. Jawa)-sok sanajan di luhurna aya laut, upamana laut Jawa-
eta kaasup lempeng benua. Sedengkeun ti simet batas eta ka tengah 
lautan lega eta kaasup lempeng samudra.

Lempeng samudra ngabogaan massa jenis anu leuwih beurat, sabab 
diwangun ku unsur Magnesium (Mg) jeung Silikat (Si), sedengkeun 
lempeng benua leuwih hampang, sabab unsur anu ngawunna SiAl tea 
(Alumunium-Silikat). Kulantaran aya bebedaan beurat, nya lumangsung 
mubusna lempeng anu beurat, ngaraksuk ka handapeun lempeng anu 
hampang. Nya tempat mubusna ieu anu disebut zona subduksi teh. Zona 
subdiksi anu aya di kuloneun Sumatra teh-sakumaha ayeuna loba 
diinformasikeun-manjang tepi ka kiduleun P. Jawa. 

Kusabab aya bebedaan jenis SiMg diantara kuloneun P. Sumatra jeung 
kiduleun P. Jawa, juru (sudut) mubusna (penyusupan lempeng) teh 
heunteu sarua antara anu kuloneun P. Sumatra jeung kiduleun P. Jawa. 
Ceuk para ahli, juru mubus (sudut penyusupan) anu dikuloneun P. 
Sumatra leuwih datar atawa leuwih miring juru mubus lempeng anu di 
kiduleun P. Jawa. Tah. wewengkon anu minangka engselna, tempat 
barobahna juru mubus ieu, taya lian ti wewengkon Gunung Krakatau 
tea. Kukituna, gampang kaharti, upama wewengkon Krakakatau teh 
ngarupakeun tempat tumpukan tanaga (energi) anu kacida rohakana 
(kabuktosan waktu eta gunung bitu, baheula). 

Balik deui ka jejer zona subduksi. Sok sanajan ieu zona teh 
dimimitian di laut, sababarah kilo meter ti basisir (kuloneun P. 
Sumatera jeung kiduleun P. Jawa), tapi kulantaran nyanggereng ka 
jihat pulo, nya upama ditarik garisna mah (banyangkeun garis 
nyanggereng ka arah pulo atawa daratan, tempat patepung lawungna dua 
lempeng anu panjangna leuwih ti 30 km) ieu zona teh manjang tepi ka 
handapeun pulo, boh P. Sumatra atawa P. Jawa. Zona subduksi ieu 
mindeng oge disebut zona Benioff, tempat direndosna atawa ditutuna 
mangrupa-rupa batuan tepi ka jadi kentel. Nya ieu batuan anu kentel 
teh anu disebut magma tea. 

Jadi, zona subdiksi teh dapurna magma, anu salah sahiji jalan 
kaluarna eta magma (upama energina tos ageung, tos teu katahan, eta 
magma neangan jalan kaluar) nya di pulo-pulo, anu kamasyhur salaku 
gunungapi tea. Kukituna, zona subdiksi sok direujeungan ku 
aya "jalur gunung berapi" tea. Ayana zona subdiksi, salain 
ngajelaskeun mucunghulna gunungapi, oge jadi jawaban kana 
pananya: "Kunaon, sok sanajan unggal waktu walungan miceun taneuh 
jeung batuan ka laut, tapi laut teh heunteu kungsi pinuh kasaaeur?"

Aya oge magma anu kaluar di lautan, tapi keun ieu mah teu kudu 
dijelaskeun di dieu, sabab tempatna lain di wewengkon nagara urang.

Rupina sakitu heula anu tiasa kapihatur (mun tepung di darat mah 
bari digambar nerangkeun soal zona subdiksi teh).

Baktos,
manAR




 
--- In [email protected], "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> di luhureun pulo jawa teh di palebah mana Kang?
> sakaterang abdi mah, zona subduction  teh ayana di kuloneun 
sumatra nerus ka kiduleun pulo jawa. Wa ManAr sigana langkung ahli 
dinawidang ieu
>  
> nana
> 
> -----Original Message-----
> From: Jalaksana Kertapati [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Thursday, December 30, 2004 9:51 AM
> To: [email protected]
> Subject: [Urang Sunda] kangge peringatan dini yeuh......
> 
> 
> 
> aya berita ti ahli geologi ITB yeuh, sugan we janten Peringatan 
dini kanggo urang, margi ayana di sekitar pulau mentawai, luhureun 
pulo jawa yeuh.........
> 
> Punten teu disundakeun....
> 
> Innalillahi wa inna lillahi rojiun..
> 
> Turut berduka atas kejadian yang menimpa
> Saudara-saudara kita di Aceh & Medan. 
> 
> Just curious, katanya Hawaii Univ. telah mendeteksi dan melaporkan 
> ttg kemungkinan terjadinya tsunami ke pemerintahan Indonesia, 
sayang 
> saja tidak di sebarkanluaskan di TV/radio. Di Jepang, beberapa 
menit 
> setelah ada gempa biasanya ada pengumuman di TV/radio: awas gempa 
& 
> tsunami! plus penjelasan info ttg gempa/tsunami tsb dan 
kemungkinan 
> adanya gempa susulan, kapan/dimana tsunami datang dan berapa 
> tingginya. Sebagai negara yg maju di bidang gempa, Jepang masih 
saja 
> kewalahan dalam memprediksi gempa besar seperti gempa di Nigata 
> beberapa waktu lalu. Korban gempa mencapai ratusan ribuan orang yg 
> kehilangan rumah dll. 
> 
> Beberapa tsunami telah terjadi di kawasan timur Indonesia.
> Indonesia sebagai negara maritim yg rawan gempa, seharusnya 
> mempopulerkan informasi tsunami mulai TK/SD, sehingga tidak ada yg 
> memungut ikan dipantai setelah gelombang ke-1 surut, yg akhirnya 
> tersapu gelombang ke-2 dan menjadi korban sia-sia. 
> Sudah saatnya kita punya sistem terpadu ttg gempa/tsunami, apalagi 
> kita sudah didukung oleh ahli-ahli seismologi,geology,oseanography 
> yang sudah dapat memprediksi daerah rawan terjadinya tsunami. 
Remote 
> sensing dan GIS adalah salah satu tool terbaik.
> 
> Silahkan simak kembali artikel 1 tahun lalu..sepertinya ahli 
> seismologi/geologi kita sebenarnya sudah dapat memprediksi gempa 
> Sumatra, cuma tidak ada kelanjutannya ??? wallahuallam...
> semoga pemerintah lebih memperhatikan hasil penelitian.
> 
> wass,
> 
> yessy Arvelyna
> Tokyo Univ. of Marine Science and Tech.
> 
>  <http://www.kompas.com/kompas-cetak/0310/02/daerah/598730.htm> 
http://www.kompas.com/kompas-cetak/0310/02/daerah/598730.htm
> Kamis, 02 Oktober 2003  
> 
>
> 
> 
>   _____  
> 
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do  
<http://us.rd.yahoo.com/evt=29915/*http://info.mail.yahoo.com/mail_25
0> more. Manage less. 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
> Yahoo! Groups Sponsor 
> 
> ADVERTISEMENT
>  
<http://us.ard.yahoo.com/SIG=129q9ll2f/M=294855.5468653.6549235.30011
76/D=groups/S=1705013556:HM/EXP=1104457849/A=2455397/R=0/SIG=119u9qmi
7/*http://smallbusiness.yahoo.com/domains/> click here  
>   <http://us.adserver.yahoo.com/l?
M=294855.5468653.6549235.3001176/D=groups/S=:HM/A=2455397/rand=331581
451>    
> 
> 
>   _____  
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> *     To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
> 
> *     To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED] <mailto:urangsunda-
[EMAIL PROTECTED]> 
>   
> 
> *     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/> .





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke