Hatur nuhun Kang Ikmal..!!
Aya keneh yeuh....pangnaroskeun
1.a. Kumaha pamendak Pa Anis ngeunaan buku Pa Jacob Sumardjo "Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda Tafsir Pantun Sunda", kumargi dina ieu buku seueur pisan carita pantun dikaitkeun sareng kosmologi "Sunda" diantawisna hartos Buana Nyungcung, Buana Pancatengah sareng Buana Rarang, kitu deui disebatkeun yen Sunda mah budaya dasarna budaya Huma, nu tangtos aya plus minusna dibanding budaya nyawah.
b. Kumaha kondisina Teater/ Pertunjukan Uyeg ayeuna, naha masih keneh sok di pentaskeun, sareng naha leres tos leungit dangiangna (desakralisasi)..?( numutkeun Pa Arthur S Nalan mah nya Pa Anis pisan nu ngahirupkeun deui teater Uyeg ti Citepus teh dina wangun anu tos dimodifikasi).
c. Dina Mangle (punten hilap deui nomer sabaraha) Pa Anis kantos nyerat nu nolak sapajodogan kana anggapan yen Gajah Mada teh urang Sunda, naon kasang tukangna pangna anjeuna nyerat siga kitu, naha aya kitu urang Sunda nu ngangken yen Gajah Mada teh urang Sunda..? ( memang sim kuring kantos ngobrol sareng ihwan nu muhit kabatinan nu tina pangakuna tiasa ngangkir lelembutna Gajah Mada, inyana keukeuh tur ngaenyakeun pisan yen Gajah Mada teh urang Sunda, ceuk ieu ihwan Gajah Mada ngarasa kaduhung ku ambisi pribadina dugi ka daek ngorbankeun sekeselerna sorangan, keur sim kuring mah ieu pamadegan ihwan teh mung sakadar informasi nu teu aya "ajen", kumargi dimensi/ukuran mistis teu tiasa dicampur aduk sareng dimensi/ukuran realitas ).
 
2. Upami buku-buku ngeunaan Sunda nu aya di Pa Anis tiasa difotokopi (diijinkeun ku anjeuna), kalebet buku sual Baduy, pangmotokopikeun sadayana, insya alloh sadayana waragad motokopi sareng ongkos kirim ka Bandung digentosan sagemblengna.
 
Sakitu we heula. Hatur nuhun sateuacanna.
Kang Ikmal...Pa Anis teh inohong anu kacida jerona ngeunaan pangaweruh Kasundaan (terang soteh sok maca seratan anjeuna), cobi geura guar sareng ditimba, diala tur dugi ka nyerep pangaweruhna tangtos anjeuna bakal bingaheun komo diala ku budak ngora mah.
 
MSasmita
 
-----Original Message-----
From: Ikmal [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, December 30, 2004 7:32 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Waktos di Cimalati

Ua sas... mangga, Insya Allah abdi bade ngadeuheus deui ka Pa Anis
(anjeuna sok ngabapakeun pami nyebat ka nyalira teh)  aya deui teu nu
bade di taroskeun?  kapungkur mah anjeuna sok ngadongenkeun dulur urang
nu di baduy, da anjeuna saurna teh di baduy dalam na oge 21 taun, janten
terangeun pisan hirup kumbuh na dulur urang di ditu teh.
hatur nuhun,
ikmal



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke