baraya ieu aya seratan kang tjetje, politikus sunda,
sataun ka tukang. sok sanajan kitu jejerna asana masih
keneh "relevan" pikeun lenyepaneun urang sarerea.
mudah-mudahan aya mangpaatna.

salam,
mh
======
Mangle Online. Bahasan. 14-11-03

Kudu Robah Paradigma, Ulah Ngawawaas Maneh Bae

Memang euweuh pamingpinna Sunda mah, saur Kang Tjetje
Padmadinata tandes. Beda jeung Sunda Uum, ari Ki Sunda
mah unsur kualitatip saur Kang Tjetje saterusna.
Saperti di Jepang contona, aya kolompok anu disebut
Samurai, ceuk istilah Arnold Toynbee mah "the inner
creative ferment of the society", lamun uyah rasa
asinna, lamun gula rasa amisna. Eta Ki Sunda. Samurai
mah boga tata niley nu jentre, tepi ka palanggaran
etika leuwih beurat batan palanggaran hukum.

Mun aya anu kanyahoan teu boga cedo, teu boga etika,
dihukum pati ku dirina pribadi, anu disebut hara kiri
tea. Duka tah ari di kalangan urang Sunda, boga atawa
henteu tata niley. Kudu puguh ukuranana ari manusa
moderen mah. Kang Tjetje ngangken sok heureuy tapi teu
heureuy, hirup teh ulah ngaleuwihan Gusti Allah. Tuhan
Maha Adil teh make aksara gede, Allah nyadiakeun
sawarga keur nu adil, naraka keur anu goreng. Jadi,
nurutkeun Kang Tjetje mah eta teh tata niley, mun
ditarjamahkeun, kudu puguh, mana ganjaranana, mana
penalti hukumanana. Ieu tata niley. Hususna urang
Sunda, sim kuring anu teu panuju ka nu asal Sunda,
saur Kang Tjetje saterusna. Derekdek ngadongengkeun
saurang mitra Sunda ti kalangan tentara anu jaman
baruntakna PKI Muso di Madiun, pangkatna Letnan keneh.
Salah saurang logojo PKI nyembah-nyembah menta supaya
ulah dipaehan, sanajan jelas dosa jeung kasalahanana.

"Aduh Pa, abdi mah ulah dipaehan Pa, abdi mah urang
Sunda": pokna melas-melis. Pa Letnan molotot sewot.
"Ah, komo sia urang Sunda, ngerakeun siah!"
dor...dibedil tepi ka hanteuna. Tah ieu tata niley,
kulantaran manehna jelas urang Sunda nu geus murtad,
gede dosa, dihukum. Jadi nu disebut ulah ngaleuleuwihi
Gusti Allah teh di dinya. Kudu aya reward & Punishment
di kalangan urang teh. Ari kakurangan urang, can boga
Sundaismeu urang mah. Rewuan taun Bani Israel
berjoang, tepi ka ayeuna aya anu resep aya anu
ceuceub, tapi perjuanganana teh puguh, Zionismeu. Di
Sunda mah nu disebut Sundaismeu teh Multi-Polar, Multi
pilar, hakekat Sunda nurutkeun Kang Tjetje memang
pluralistik. Urang Sunda komunitasna henteu ngawangun
aseupan nangkub anu bogaeun puncak, figur pamingpin
tea anu pantes dijadikeun panutan. Luyu jeung
simbulna, Sunda mah gunung Tangkuban parahu anu
puncakna datar atawa rata kumaha tea parahu nangkub,
moal jiga aseupan nangkub. Eta sababna Sunda
Pluralismeu.

Robah Titincakan!
Kriteria Sunda nurutkeun Kang Tjetje, aya anu disebut
Sunda Pulitik diwangun ku Sunda Nagara, Sunda Budaya
Sunda Usaha. Masing-masing anteng di dunyana, nu
ngagem paham republikanisme demokratik anteng
ngawangun "civil society" (pencerahan berpikir
masyarakat, pemberdayaan masyarakat). Nu ambtenarisme
kitu deui, sibuk pakepuk ngeusian posisi-posisi
penting di pamarentahan, akibat tina sistim Pelita
(material-ekonomi), jadi leuwih sibuk ngahontal
komersialisme-merkantilisme pribadi.

Gambaranana jelas, teu baroga deui rasa sabilulungan.
Malah lantaran giung ku dunya, ahirna jadi paroho kana
berjuang ningkatkeun harkat katut darajat Ki Sunda.
Jajauheun nulung bantu ngaraharjakeun seke selerna di
lembur matuh mah. Ti dieu beuki eces katingal, teu aya
anu pantes dijadikeun figur pamingpin jeung panutan.
Naha elit Sunda geus tepi ka tahapan manusa moderen
anu leuwih loba nyawang pikahareupeun batan nyoreang
wae ka tukang? Nurutkeun Kang Tjetje keneh, elit Sunda
kiwari tacan aya anu tepi kana tahapan eta. Mindeng
jeung loba keneh anu resep ngawawaas maneh ngumbar
kakelar, bulak-balik nyaritakeun nu baheula, angger
dina titincakanana anu baheula. Kulantaran kitu kudu
geura robah paradigma atawa titincakan. Tapi lain
hartina kudu mopohokeun sajarah.

Sunda memang ngalaman jaman kajayaan, kudu diaku. Tapi
Tjetje Padmadinata, nu pantes disebut penganjur
modernisasi nyebatkeun, eta mah milik karuhun urang,
Galuh jeung Pajajaran.

Ayeuna anu penting, ti poe ieu ka hareup urang
dipentes kudu ngukir prestasi. Jadi, urang Sunda ulah
ngagugulung bae kahayang, ulah ngawawaas maneh bae,
kudu galib jeung IPTEK. Tapi ieu oge lain hartina
nganomer duakeun iman jeung takwa ka Allah, saurna.

Miang tina sajarah, lempeng neuteup ka hareup geusan
ngangsrodkeun harkat martabat Sunda oge kudu jeung
modalna ti mana, naon bae sarana jeung prasaranana,
sistimna kudu kumaha, jeung saha bae figur-figurna,
geus puguh ari udaganana mah, da samistina boga target
anu tangtu.

Pandangan-pandangan jeung pamanggih ti sakur anu hadir
dina riungan di Mangle poe eta kacida marunelna. Upama
nyutat kasaurang AA Gymnatsiar dina kuliahna memeh
buka puasa, upama seug eta pamendak, pamadegan Jeung
pemikiran anu beda-bada teh heug digumulungkeun jadi
hiji, bakal jadi wawangunan anu kacida kokoh kuatna,
tohaga. Mun dilarapkeun kana perjuangan Ki Sunda, eta
wawangunan teh pastina ge Sunda Jaya tea.[MANGLE:
13-19 Oktober 2003] [hrs]


=====
bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke