Leres Kang Tirta oge Kang Jalak, nami Sunda dina widang geografi sareng geologi mah masih keneh dianggo. Buku-buku standar dina widang geologi, upamana "Geology of Indonesia" seratan van Bemmelen anu tiasa disebat "kamus" geologi ngeunaan Indonesia anu tetep dianggo rujukan ku geolog Indonesia tug ka danget ayeuna, masih migunakeun Paparan Sunda, oge Selat Sunda, Sunda Besar dan Sunda Kecil. Istilah-istilah anu hartosna parantos dipedar ku Kang Jalak.
Upami teu lepat, tepi ka buku Sajarah karangan Moch. Yamin, dina buku-buku sajarah oge masih digunakeun ngaran Sunda Besar jeung Sunda Kecil. Kukituna, sabagean golongan nyebutkeun yen Moh. Yamin cenah anu mimiti ngilangkeung istilah Sunda Besar, Sunda Kecil jst tina catetan buku sajarah. Kitu oge heunteu sakabehna, da ngaran "Selat Sunda" mah tetep bae mashur jeung masih digunakeun. Ngeunaan sajarah iraha eta istilah ngawitan digunakeun, aya sababaraha pamadegan. Kahiji, disawang tina kecap "Sunda" anu lain bae aya dina basa Sunda, tapi oge dina basa Sansekerta jeung basa Jawa Kuno. Diantara hartos Sunda, nyaeta "moncorong" atawa "bodas". Ieu dikaitkeun jeung hasil gunungapi anu ngarupakeun ciri tanah Nusantara, anu loba didominasi ku "endapan" vulkanik warna semu bodas. Nya bisa jadi ieu istilah teh kaasup istilah anu munggaran dianggo dina widang geografi-geologi. Kadua, aya oge pamadegan, yen eta istilah-istilah teh hadiah kanggo ka Prabu Wangi atanapi Prabu Linggabuana, raja Galuh-Sunda anu gugur di Bubat (kl abad 12 M). Karana rumasa nyieun kasalahan gede ka raja Galuh-Sunda, ku tiwasna eta raja, putrina (Dyah Pitaloka) sareng garwana ku kadurjanaan pasukanana, raja Majapahit harita maparinan sababaraha rupi tanda panghormat. Tanda anu kahiji, ngaleleran raja anu perlaya di Bubat ku gelar "Prabu Wangi". Tanda anu kadua, nganamian sababaraha wewengkon pulo jeung laut ku nami Sunda. Nya sigana hal ieu teh diteruskeun ku para panalungtik, khususna Walanda, salaku nami-nami wewengkon geografis-geologis. Tina gelar "Prabu Wangi" engkena ngalahirkeun gelar "Silihwangi" pikeun raja anu sami mashurna anu nyilih (ngaganti) kamashuran anu jadi cikal bakalna (Prabu Linggabuana). Tina nami-nami geografis- geologis, kaabadikeun nami: Paparan Sunda, Sunda Besar jeung Sunda Kecil. Pakait sareng nami "Sunda", pidato "pengukuhan" salaku Guru Besar (atanapi doktor? hilap deui, hapunten peperianana kakantun di rorompok) sajarah ti Kang Edy S. Ekajati dijudulan "Sunda, Nusantara, Indonesia". Dina eta buku diringkelkeun asal-usul nami NKRI salaku "Indonesia", anu samemehna namina "Nusantara", tur beh dituna pisan pantes disebut "Sunda" (jadi, heunteu nyalahan sacara historis upama "Indonesia" bade digentos ku nami "Sunda", sasat balik ka asal. Ngan meureun kudu dipikirkeun akibatna/konsekuensina). Baktos, manAR --- In [email protected], Jalak Harupat <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Leres kang Tirta, eta teh nami geografi zaman baheula. > Kanggo nyebatkeun lempengan (litosfera;lempeng > Asia);laut anu dangkal anu aya di kepulauan Indonesia > disebat Paparan Sunda anu aya di kulon bagian > Indonesia nyaeta Jawa Sumatra sareng Kalimantan,kaasup > laut Jawa Selat Karimata. > Tah, upami Lempeng benua Asia,anu aya di belah wetan > Indonesia, dicirikeun ku lautna anu deet(ukuran laut > dibandingkeun jeung Samudra) disebat Paparan Sahul. > Upami namina mah memang Kep.Sunda Besar;Jawa > Sumatra;Kalimantan.Upami Sunda KEcil ti Bali dugi ka > NTT. > Duka kunaon tah baheula ngangge nami SUnda,pedah ahli > geografi anu seueurna urang SUnda meuereun. Da > baheulamah pan SUnda teh kiblatna Indonesia da can aya > disebat Batawi. Duka tah pedah seueur urang ITB anu > palalinter panginten. Tapi ayeuna bet leungit,malah > bahasa digeser ku Bahasa Indonesia sagala tos dugi ka > Sukabumi(basa ka cimalati)? > > Jalak > > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> > > http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > > > > Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT > > > > > > --------------------------------- > > Yahoo! Groups Links > > > > To visit your group on the web, go to: > > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ > > > > To unsubscribe from this group, send an email to: > > [EMAIL PROTECTED] > > > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the > > Yahoo! Terms of Service. > > > > > > > > --------------------------------- > > Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" > > your friends today! Download Messenger Now > > ===== > Sumedang Tandang Nyandang Kahayang > > _____________________________________________________________________ ___ > Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" > your friends today! Download Messenger Now > http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $4.98 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

