Leres teh Tien ieu mah tacan lengkep. Lengkepna mah aya kakuatan (kahadean), ancaman & kasempetan (opportunity). Ke ku abdi "kejar tayang" keun deui. Tapi kumaha mun fokus ka kalemahan heula, pan urang kedah sigep ngatasi keu lengkah ka hareup. Upami kahadean mah sigana teu pati abot, lumpatna teh kinten-kintena ka kumaha tarekahanana supaya teu kagerus. Sok teh geura eusi heula ieu kalemahan, utamina ngeunaan rek dikumahakeun &  kumaha carana.
 
salam
tirta

teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Euleuh geuning mani seueurnya kang..!, mung hanjakal ceu acan di sundakeun sadayana. Upami di sundakeun ku basa pondok sareng singget eta kumahanya kang...? Sok ku kang Tirta nya ...!, tapi atuh ulah kalemahan wae anu di tonjolkeun.....cing kumaha kahadean urang sunda teh.......?
Ceuk teteh mah....
1. Someah
2. Geulis tur barodas upami istri, kasep upami pamegeut
3. Jujur
4. Tara sirik pidik
5. Berehan
6. Karunyaan
7. Gaduh jiwa Seni
8. Ludeung
9. Wani
10. Reusep guyon
11. Tara sok ngawadul
12. Tara sok eraan......
13. tara.......
14. tara.....
duka tah.....tara naon deui...? sok ah...baraya ..! naon kahadean urang sunda teh...? piraku eleh ku suku lain.....he he
 
teh tien
( reueus  jadi urang sunda )

Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Didugikeun ka sadaya warga Kusnet "58 Kalemahan Urang Sunda". Ieu teh sumber utamina ti SWOT kiriman Kang Oman. Kumargi analisis SWOT lengkep mah ngabeten bae, teu aya asupan, sugan atuh ku "format" ieu mah ngageuingkeun warga sadaya. Bari ngalenyepan akhir & awal taun mangga atuh ditalungtik pamadeganana kana kalemahan-kalemahan dina kobong tabel.
 
Khususna Ka Kang Oman, Ua Sasmita punten abdi ngawawanter maneh ngirim sabagean SWOT bari teu di basa sundakeun. Ka US Jabotabek asana mah "wajib" nalungktik & ngeusi ieu tabel. Insya Allah awal taun urang badungdengkeun sasarengan. Numutkeun sim kuring tina ieu tabel boh US Jabotabek, boh Kusnet  geus bisa dadasar nyieun hanca gawe (real program).
 
Sakali deui nyanggakeun ieu bahan lenyepan. Tong talangke buka, print, ke bari taun anyaran boh nyorangan atawa babarengan prak geura eusi kumaha pamadeganana.
 
Ka sadayana sim kuring ngahaturkeun wilujeng tepung & tepang taun.
 
salam baktos
tirta


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





> ATTACHMENT part 2 application/msword name=58 Kelemahan US.doc


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke