Wilujeng enjing sareng wilujeng warsih enggal kang Dien, mugia di taun anu enggal ieu urang di pasihan kawilujengan, dipasihan semangat enggal kanggo kamajengan sareng kamaslahatan urang sadaya....amin
Alhamdillilah si teteh sae, pidoana ti kang Dien supados si teteh sehat salamina. Alhamdullilah kang Dien parantos tiasa posting deui, si teteh ngaraos bingah pisan .Komo deui kang Dien nyayogikeun tanagi sareng emutan kanggo milari waleran naon wae patarosan si teteh...he he
Kieu kang patarosan ti si teteh...."Naon sababna urang sunda alim nyarios sunda" tah ieu anu janten emutan si teteh, naha kunaon nya...?
Hatur nuhun wartosna kang Ganjar bade ka Bdg, insyaAlloh teteh bade Tlp ka PDP UNPAD.
Sakitu anu ka pihatur, hatur nuhun kang...
salam
teh tien
Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alhamdulillah teh Tien, dina waktos ieu mah pangesto. Sawalerna kumaha damang ? Perkawis seueur anu bade ditaroskeun, mangga diantos. Terang wae diwaler, teu terang mah nya tamada bae, nanging pasti dikotektak dugi ka kapendak. Mangga urang sami-sami ngaraksa-ngariksa "Sunda" urang, urang singkahkeun sakum nu ngiruhan komo ngaruksak.Numutkeun wartos, kang Ganjar bade ka Bandung kaping 9 Januari 2005. Cobian ku teteh telepon dinten Senen (10/1/2005) ka kantorna (pdpunpad). Mangga, wilujeng ngobrol sareng kang Ganjar.Salam,Kang Dien
teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Haturan kang Dien..............Kumaha wartosna.....? damang.......!Tos lami tara katinggal, kamana atuh akang teh....?Seueur anu bade ditaroskeun perkawis kasundaan, da peryogi pisan teteh mah margi saha deui atuh anu bade ngamumule basa sareng kabudayaan urang sunda ari sanes urang mah. Kang Dien salah sawios wargi anu seueur uninga perkawis kasundaan, mangga kang diantos postingan akang di lembur Urang Sunda , ieu lembur teh kanggo urang sadayana..kanggo anu poekeun perkawis kasundaan, sapertos teteh .Tah upami aya kang Dien mah moal sesah narosnya kang...!. sesah upami kang Dien teu aya...asa leungiteun kang..!Eta kang perkawis VCD Kang Ganjar dugi ka ayeuna teu aya wartosna padahal parantos di TLP ka UNPAD, teteh ngantos-ngantos....Kang Dien hatur nuhun waleran perkawis "Sasakala Surade"....janten cukang lantaran ayeuna, alatan baheula kitunya...he heMangga diantos.......Batosteh tien( anu nuju atoh kang Dien Posting )...
Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:sasak teh cukang, kala teh waktu, janten sasakala teh cukang lantaran anu ngalantarankeun ayana anu ayeuna margana anu baheula, kitu nun !
teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:"Sasakala Surade" teh naon...? mani rajin sareng terang deui, si teteh mah poekeun....
Ahmad Junaedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Haturan Kang Ikmal,Kang.. upami bade nepangan Pak Anis, sakantenan pang naroskeun "sasakala Surade". Kapungkur anjeunna kantos nyerat dina media/majalah Kodya Sukabumi.. (jejerna: Sasakala Surade). Namung abdi henteu tiasa ngabandungan terasna (nembe maca 4 bagian...)Upami aya.. sakantenan pang naroskeun ...sareng pang nyiompenkeun.. upami mangrupi "file".. sae oge tiasa dijapri.Hatur nuhun...Wassalam,Urang Surade
Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Do you Yahoo!?
Dress up your holiday email, Hollywood style. Learn more.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Dress up your holiday email, Hollywood style. Learn more.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Send holiday email and support a worthy cause. Do good.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

