Hatur nuhun Kang Rachmat, Mangga bae lajengkeun da sim kuring puguh nuju aya di lembur batur, sanaos aya rencana dina usum panas (antawis Juli-September) insya Allah ngalongok lembur. Upami tiasa mah, angkir kang Yosep Iskandar ti Bandung. Sim kuring kataji ku karya-karyanya, utamina trilogi (atanapi tetralogi? hapunten hilap deui) novel karajaan Pajajaran.
Sim kuring usul aya kadariaan dina nalungtik situs Kawali. Asana mah seueur pisan anu tiasa kaguar ti eta situs. Kumaha Mang Ayat masih keneh nganggo sendal ka mana-mana? AJ --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Aya teori-teori kabudayaan anu tiasa dijadikeun > ugeran, dina nyaliksik budaya jeung kabudayaan > sunda. > Sapertos anu ditetelakeun ku almarhum Prof. Umar > Khayam. Asana teh teu aya kabudayaan anu teu > kapangurahan ku budaya sejen, pasti ngalaman > akulturasi. Mangga ilo dina kecap-kecap basa > sadidinten. > Punten sanes bade promosi, kamari nembe wae sim > kuring > saparakanca (kang Ikmal,Kang Tirta, Teh Imas, sarang > Kang agus "Pakusaran) madungdengkeun perkawis > kabudayaan sunda sareng Prof.Dr. Ayatrohaedi (Raina > Mang Ayip Rosidi), direkam (engke bade di VCD keun). > Rencana mah wawancara sareng Mang ayat, baris > diayakeun ngaruntut (berseri). > Upami kang Asep sareng Kang Tisna aya waktos oge > para > baraya Kusnet sanesna bade ngiringan, mangga > diantos. > Urang paheutkeun heula, jejer naon wae anu bade > dipadungdengkeun. > > > baktos, > > > mrachmatrawyani > > > --- asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > Waalaikum salam... > > > > Pamadegan Kang Nana (atawa kang Tisna atawa kang > > Salman, kumaha nya kuring nyalukan akang?) estu > > sarua > > jeng pamadegan Kang Ayip (Prof. Dr. Ayip Rosidi), > > budayawan anu geus kakoncara saalam dunya tea. Eta > > sawala teh kungsi dipedar ku Mangle (geus lila > > pisan, > > aya kana 20 taun ka tukang mah), tapi teu > kapanggih > > pamustunganana. > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile > phone. > http://mobile.yahoo.com/maildemo > __________________________________ Do you Yahoo!? The all-new My Yahoo! - What will yours do? http://my.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

