Di nagara batur aya keneh anu neurapkeun wajib militer ka para pamuda-na conto na di jerman, salain di ajar ka-militeran,jeung suasan perang,tapi dilatih penyelamatan penduduk, pengungsian jjrd keterampilan dasar pikeun kayaan darurot. Henteu ari di ajar hampang leungeun, hahaok sagala rupa, da nu kitu mah bisa ngarusak mentalitas, jadi tetep siga pamuda sipil ilahar. Ari wajib milter teu cocok meuereun di indonesia mah, tapi contona Aceh butuh relawan anu boga kaahlian. Listrik pareum kudu nungguan tim PLN, padahal lamun nu rusak jaringan wungkul, lain garduna, bisa meureun di beubeuner saheulaan siga di lembur jamanna ku diesel teu kudu menta tulung ka PLN. Aya sasak walungan peugat kudu nunguan jeung ngandelkeun wae Zeni TNI, euweuh cai bersih kudu nunguan bantuan itu ieu, da euweuh nu ngajieun penjernih cai darurat. Sigana hade lamun aya wajib parigeul,lain wajib militer, anggota ormas pemuda salain ngurus wae pulitik, kudu aya anu di latih kaahlian jang bekel lamun kayaan darurot, jang bekel tutulung ka batur. Sugan Banser aya ngilu latihan jeung zeni TNI, AMS aya anu bisa ngajieun cai bersih, da di lembur oge loba keneh nu butuh cai bersih, pencinta Alam tong pinter ngagagandong rangsel wungkul kudu aya kahlian nu sejen, Pramuka latihan na kudu di jieun riel pisan, tong loba simulasi , jrrd. wasalam (sedih di kateubihan)
--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > kapal perang nu ngulampreng nulungan aceh, ngan hiji, tapi kapal induk, > USS Abraham Lincoln. kapal induk tea, pinuh ku kapal sejen, kaasup > helikopter jeung kapal transport/sabangsaning hercules tea. > > oge aya tangtara jeung kapal australia, selandia baru, spore oge malaysia.> nya nuhun narulungan, keun bae tangtara ge, da tangtara mah euweuh gawe> ari teu perang mah. hehe> > ieu dihandap kanggo konfirmasi wungkul. sapalih teu disundakeun. da pasti > barisa inggris. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

