Upami aya nu tiasa ngakses (sundana naon) ka gegeden di pamarentahan 
kedah disaurkeun tah. sabab leres pisan "*lamun angkatan perang AS geus 
ditempatkeun dihiji nagara cadu pikeun baralik deui*".

Irwan I. Sutisna

Z.A. Muslim wrote:

> Tah ieu nu dipikapaur teh, Kang. Enya perkara Kapal Perang AS !
> Kapan cikeneh pisan pihak AS teh meredih sangkan manehna dibere akses 
> pikeun nempatkeun armada perangna di Selat Malaka jeung 
> sabudeureunana, alesanana mah pikeun milu ngamankeun Selat tina 
> karaman bajak laut nu mahabu. Ngan untungna Indonesia jeung Malaysia 
> nolak sapajodogan ieu usulan AS teh. Kari-kari ayeuna dibageakeun 
> pisan da sasat nagara urang keur dirungrum ku butuh panulung, jigana 
> keur maranehna mah asa mobok magih gorowong nepi ka ngeridkeun genep 
> likur kapal perangna.
>  
> Jigana geus sawajarna pikeun urang, bangsa nu berdaulat, kudu 
> caringcing pageuh kancing. Da sidik ku bukti tetela ku nyata lamun 
> angkatan perang AS geus ditempatkeun dihiji nagara cadu pikeun baralik 
> deui.
>  
> Mudah-mudahan bae pamarentah SBY masih keneh boga kawani.
>  
> tansah,
> zam
>  
>
>     ----- Original Message -----
>     *From:* oman abdurrahman <mailto:[EMAIL PROTECTED]>
>     *To:* [email protected] <mailto:[email protected]>
>     *Cc:* [email protected] <mailto:[email protected]>
>     *Sent:* Monday, January 03, 2005 2:48 PM
>     *Subject:* [Urang Sunda] Kunaon loba-loba teuing kapal perang
>     dikeridkeun?
>
>      
>     Baraya,
>      
>     Maca warta di detik.com, ngeunaan AS anu ngeridkeun tepi ka 26
>     kapal perang AL-na, mucunghul kapanasaran. Kunaon loba-loba teuing
>     kapal perang didatangkeun ka Aceh? Na matak naon upama bantuan teh
>     diangkut ku kapal biasa bae? Naha satiap bantuan AS ka LN kudu
>     diangkut ku kapal perang bae? Naha moal matak ngundang patarosan
>     ti nagri-nagri sejen ngabringkeun kapal perang AL tepi ka 26-na?
>     Emm....boa-boa, sakumaha ceuk cak-cak bodas...? Tapi ketang, beja
>     mah beje. Anu jelas, 26 kapal perang AL bogana AS datang ka Aceh
>     lain beja samanea.
>      
>     manAR
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke