Naek beus P-16 Mayasari warna hejo, Kp Rambutan - Tn Abang. Turun di Karet/Benhil hareupeun Sudirman Town Squire (d/h Wisma Kembar Danamon). Meuntas jambatan Sudirman,  tidinya leumpang saeutik ka kolong jambatan Casablanca pan Gd Metropolitan/WTC mah gigireun Sudirman TS ngan kapotong jalan Casablanca. Mun rek balik deui ka Kp Rambutan mah nya P-16 deui we.
 
Kulantaran Mayasari mah nu bogana urang Tasik, janten staf operasional (supir/kenek) US janten mangga we maka basa Sunda. Tinggal nyebut "Kang kuring rek ka Metopolitan ke mun turun di Karet bejaan nya". Insya Allah pami bade nundutan ge aman.
 
Salam
Jalak Pakuan

Ridwan Kurniawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Akang, teteh, baraya sadayana,
Punten pisan yeuh... bade nyuhunkeun tulung, manawi aya nu terang.

Pun rai bade aya peryogi saurna ka gedung Metropolitan/WTC mung teu
terang naek2 naonna.
Kaleresan simkuring mah terang na teh jalur Bogor - UKI - Cikarang wungkul.

Kumargi kitu simkuring nyuhunkeun pisan bantosan ti baraya sadayana,
na kedah nganggo naon upami ti UKI  bade ka Gedung Metropolitan/WTC nu
aya di Jl. Prof. Dr. Satrio  (Casablanca ) teh. Nyakitu oge  upami ti
Gedung Metropolitan ka UKI/kampung rambutan.
Ulah ngangge taksi... karunya mahasiswa keneh.

Punten ah, neda pitulungna.

Salam
RK


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke