Sebutan Emang jeung Bibi sabenerna mah "dirusak" status sosialna 
kulantaran datangna para pendatang ka Tatar Sunda nu teu ngarti adat 
urang sunda. Emang atawa Bibi, sabenerna mah sebutan keur adi bapa 
atawa adi indung. Ilaharna di urang Sunda di jaman baheula, adi sok 
ngilu ka lanceuk nu geus kulawarga. Kulantaran si Adi teh ngilu 
diimah lanceuk jadi sok digawe sagawe-gawe diimah, kadang-kadang sok 
diutuh-etah kunu jadi lanceuk. Anak-anak lanceuk oge sok diurus ku 
adina.

Keur para pendatang, disangkana jalmi nu sok bunta-bantu di imah teh 
disebutna bibi atawa emang. Jadi weh maranehna narurutan nyarebut 
bibi ka pembantu atawa emang ka tukang kebon. Tungtungna sebutan 
bibi jeung emang teh, jadi ilahar keur pembantu atawa jalmi nu 
padamelanana tukang (kebon, baso ........). Malah mah tatangga 
kuring nu urang Banjarmasin, nyarios kieu waktu pamajikan kuring 
kokotengan neangan barang nu teu kahaja kapiceun kana bak runtah:" 
Tadi ada MAMANG-MAMANG ke bak sampah, ngambilin dus yang ibu 
buang!". 

Jadi "mamang-mamang" ceuk tatangga kuring mah jalmi rudin, make 
dudukuy ledrek jeung sok kurah-koreh di bak runtah!

Baktos,
WALUYA



--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> basa standar sunda make basa sunda bandung ceuk cenah mah (ti 
seratan gan
> Ayat Rohaedi dina majalah Swara Budaya cangkurileng), sabab 
inohong sunda
> kololobana nganjrek di bandung. hiji di magelang (juragan ajip 
rosidi),
> hiji di australia (novelna "Atheis" , Achadiat K), hiji di russia 
(cecep
> gorbachev).
> 
> mamang-paman
> mamang jeung paman teh basa sunda. dina buku2 basa sunda, sok aya 
kecap
> pun paman. sebutan mamang di TS  utamana bdg jadi sebutan generik






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke