Perkawis tarjamah Qur'an, maksadna teh kumaha, Mang H? Urang2 anu narjamahkeun atanapi kumaha? Upami narjamahkeun, paralun teuing kuring mah, teu boga elmuna. Tapi mun maksudna nyalin tarjamahan nu geus aya (misalna terbitan CV Diponegoro atawa Pusaka), nya hayu bae...
On Mon, 3 Jan 2005 16:55:25 -0800 (PST), mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > jadi salah sahiji cara pikeun mulasara basa teh, > diantarana nya nyadiakeun bahan bacaan nu saluyu jeung > kaperluan masyarakat pinuturna. jampe ieu bisa > disorang ti dua jihad. jurus kahiji, narjamahkeun > bahan-bahan bacaan anu sumberna basa deungeun ka basa > sunda. jurus kaduana, narjamahkeun sumber-sumber basa > sunda ka basa deungeun, pikeun ekpos eksistensi budaya > sunda. nya ieu pisan sabenerna mah nu jadi udagan > "GARAPAN DIGITALISASI NASKAH SUNDA" teh. > gawe munggaran ngagarap transkripsi "roesdi & misnem" > ampir rampung. ayeuna garapan kadua, kuring ngajak > urang nyieun transkripsi tarjamah AL-QUR'AN ka basa > sunda. cing kumaha respon baraya, urang padungdengkeun > deui. -- kumi Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

