Dina dongeng "Wesi Kuning" karya S. Sukandar aya kecap sebutan "Ambu",
contona Ambu Jumi, Ambu Darsih, jst.
Cik, susuganan MJ apal wewengkon mana di tatar Sunda nu ilahar nyebut ambu.
Naha sasaruaan tina kecap "ema" kitu ?

Aya deui,
Lamun teu salah, basa Harmoko nyangking kalungguhan pupuhu GOLKAR manehna
kungsi nyieun usulan kieu : Kader GOLKAR lalaki disebut "Bung". Kader GOLKAR
awewe disebut "Mbak". Orokaya, ieu usulan si Bung teh diprotes ku pangurus
Golkar Jabar (lamun teu salah Pa Uu Rukmana). Ceuk Pa Uu, sesebutan "bung"
memang geus mi-nasional nu ngandung harti pasti ditarima ku sakabeh kader
Golkar, di mana bae, seler naon bae. Tapi sesebutan "Mbak" can pati
minasional sarta ngan payus pikeun awewe ti seler Jawa wungkul. Harita
pangurus Golkar (sakalai deui lamun teu salah) nyieun usulan supaya
sesebutan "Mbak" pikeun kader awewe Sunda diganti ku "Mbok".
Tah palebah dieu si kuring rek nanya ka MJ -sakali deui susuganan apal- di
wewengkon mana di tatar Sunda kecap "mbok" digunakeun ?

(zam)



----- Original Message -----
From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, January 04, 2005 1:03 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Mang, Kang, Teh, Ceu


>
>
>
> basa standar sunda make basa sunda bandung ceuk cenah mah (ti seratan gan
> Ayat Rohaedi dina majalah Swara Budaya cangkurileng), sabab inohong sunda
> kololobana nganjrek di bandung. hiji di magelang (juragan ajip rosidi),
> hiji di australia (novelna "Atheis" , Achadiat K), hiji di russia (cecep
> gorbachev).
>
> mamang-paman
> mamang jeung paman teh basa sunda. dina buku2 basa sunda, sok aya kecap
> pun paman. sebutan mamang di TS  utamana bdg jadi sebutan generik
> (ilahar-umum) pikeun saha bae nu boga pacabakan (utamana) di jalan-kecuali
> pulisi. tukang baso, tukang parkir, tukang beca, jeung tukang teuing.
>
> si kuring ngalandih karep mamang, sabab tukang oge. sanajan teuing tukang
> naon da seringna mah tukang teuing
>
>
> mj



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke