Nuturkeun pamadegan Sayed Husen Nashr, dina bukuna, "Kesenian dalam Islam" (kira2 kitun judulna, hampura bukuna keur teu dikeukeuweuk), kubah jeung munara masjid teh ngandung harti falsafah anu luhur. Harti falsafah ngaharib kana pangharepan dijieunna eta kubah jeung munara di satiap wangunan masjid.
Saur anjeunna, kubah teh simbol "jamaliyyah" Pangeran, sedeng munara eta simbol "jalaliyyah"-Na. Jamaliyyah jeung Jalaliyyah teh 2 kumpulan sifa & asma Pangeran. Ngeunaan jamaliyyah jeung jalaliyyah, dadaran ringkesna kieu, sugan teu nyalahan: "Upama urang nitenan sifat-sifat & asma-asma Pangeran tur ku urang digolongkeun, urang baris manggihan 2 golongan ageung. Sifat-sifat & asma-asma Pangera anu 20 ceuk hiji golongan, aya 1000 sakumaha dina salah sahiji do'a, atawa sakabeh makhluk atawa ciciptaan eta nunjukkeun asma-Na, cindekna anu sakitu lobana, upama digolongkeun bisa dicindekkeun kana 2 golongan bae, nyaeta: Jamaliyyah jeung Jalaliyyah. Jamaliyyah nyaeta kumpulan sifat-sifat Pangeran anu manifestasina di makhluk aya di wanoja/indung (feminin). Upamana: sifat maha welas asih, maha enggal ngahampura, jst. Geuningan ari indung, sakumaha baongna oge anu jadi anak, indung mah tetep nyaah. Kitu deui Pangeran, sakumaha lobana dosa anu jadi manusa, upama eta manusa tobat, Pangeran baris ngahampura. Ari Jalaliyyah, sabalikna. Apan di Pangeran oge aya sifat saperti "maha enggal balitungana-Na", "maha keras siksa-Na", jst., sakumpulan sifat-sifat anu-sacara simbolik- manifestasina aya di lalaki/bapa (maskulin) Dina lebah dieu, udagan pangaweruh sifat-sifat & asma-asma Pangeran teh rada sarua dina sababaraha agama & budaya (lain Islam bae), nuduhkeun ciri universalna. Upamana, di Cina aya "Yin" jeung "Yang" tea, di Sunda aya "Sunan Ambu" jeung "Guru Minda" tea, jst. Ringkesna, manusa ngarupakeun manifestasi tina sifat & asma-Na, Jamaliyyah jeung Jalaliyyah tea. Khususna di manusa, hal ieu teh ngarupakeun kaunggulanana dibanding makhluk sejen, ku kituna, nuturkeun sawatara ahli, nya ieu salah sahiji katerangan yen manusa teh dicipta ku "dua panangan Pangeran" (aya dina salah sahiji ayat Al-Qur'an). Kukituna, meureun, ku dijieunna kubah jeung munara salaku ciri masjid teh, nya pikeun ngelingkeun nurani atawa alam spiritual manusa tea. Yen dirina ngarupakeun ciptaan anu pang sampurna-Na (awalna) anu salila hirup di dunya teh kudu diusahakeun balik deui kana kasampuranaan fitrahna. Carana, sakumaha dadaran jalmi-jalmi anu parantos dugi ka dinya, nyerepkeun asma-Na (Jamaliyyah jeung Jalalillyah-Na) dina tempatna sewang-sewangan anu merenah. Eta pancen anu diamanahkeun ku kubah jeung munara teh, sigana. Anapon wangunan-wangunan sejen, pek teh teuing rek dikubahan atawa dimunaraan mah. Ngan sigana, lamun kubah jeung munara teh geus aya di hiji wangunan, pantesna eta patempatan teh jadi panaratas atawa pangajak pikeun sujud. Sujud tanda kalaifan anu jadi makhluk di payuneun anu nyiptakeunana. Cag ah bisi loba teuing salahna. Baktos, manAR --- In [email protected], "gilang_tresna" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nu belenong mah pami teu bonang nya jenglong, atanapi goong > ditangkubkeun.. > > Wass, > Gilang > > > --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > mun ditoong di kapal udara, meureun siga alat musik degung, naon ngarana > > poho deui. sharon stone kitu? > > > > komo mun di Agra india mah. kuburan pan, taj mahal teh. > > > > > > mj > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

