Mang Ayat kamungkinan samporet ku waktu heunteu ngaguar dugi carita 
rakyat ngeunaan kabiasaan ngurebkeun mayit antara urang "Wetaneun 
Citarum" jeung "Kuloneun Citarum". Anu di wetan, ceuk cenah, 
nguburkeun mayit teh ku cara dilarung di leuwi, sedeng anu di kulon, 
saperti ilaharna nguburkeun mayit ayeuna. Ieu dongengan teh pakait 
jeung fabel "Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet" anu kakoncara di 
masyarakat Sunda. 

Tina "legenda" di luhur, ceuk cenah deui, loba urang wetan anu jadi 
ahli "kelautan", duka teuing tah bener heunteu na mah. Cariosan 
lengkepna mah tiasa dipariosan, upamana dina "Rintisan Penulusuran 
Masa Silam Sejarah Jawa Barat" (RPMSSJB) anu opat jilid tea. Dina 
RPMSSJB oge dimuat kalawan lengkep trankripsi eusi sababaraha 
prasasti anu dipedar ku Mang Ayat. Keur ngalengkepan data bae ieu 
mah.

Baktos,
manAR

 
--- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Kuring siap reuwas lah mun Kang Ikmal ngawalerna:  " eta mah ceuk 
US  Citarum ka wetan, da ari ceuk US Citarum ka kulon mah nu bener 
teh nu ku uing disebut"   -:))
>  
> Punten ieu Citarum wetan kulon teh oleh-oleh ti Tepang jeung Mang 
Ayat 1.
>  
> Japal Pakuan
> 
> Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> he he he... hatur nuhun kang....
> puguh iyeu teh tagegog wae geninga, titatarajong bae tah 
kahalangan ku 
> undak-usuk basa teh
> hatur nuhn di lereskeun,
> ikmal
> 
> kumincir wrote:
> 
> >ROROMPOK mah kecap pikeun IMAH NU URANG (jalma kahiji), pami ka 
batur
> >nyebatna BUMI, janten...
> >
> >Kang Jalak, kaos polo teh distokna di BUMI akang wae nya?!
> >
> >Mun maksudna IMAH URANG SORANGAN, jadina kieu...
> >
> >Kang Jalak, kaos polo teh distokna di ROROMPOK wae nya?!
> >
> >atawa,
> >
> >Kang Jalak, kaos polo teh distokna di IMAH KURING wae nya?!
> >
> >
> >On Wed, 05 Jan 2005 09:40:50 +0700, Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >  
> >
> >>ikmal  (kang tirta, kaos polo teh di  stok na di  rorompok akang 
wae nya?!)
> >>    
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke