Alhamdulillah geuning rek nyunatan budak. Mugi diridhoan Gusti Alloh sing lungsur langsar teu aya halangan harungan. Ari masalah acara mah biasa we lah bagi-bagi alokasi tanaga & waktos. 
 
Jalak Pakuan?......beurat lah ngalana. 
 
salam
Jalak Pakuan

akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kang Tirta,
sigana saptu ieu mah sim kuring moal tiasa deui bae
ngaluuhan acara tepang jeung mang Ayat, kumargi saptu
enjing-enjingna aya rencana dek nyepitan budak
duanana.
Poe minggu na enjing-enjing dek ka Warakas, punten
minggon kamari oge teu cios dumeh kudu ngestokeun kanu
jadi sepuh anu nembe dongkap ti Ciamis.
Lamun kabujeng, materi patarosan dek di-JAPRI-keun
bae, nya?
Heueuh bisi kapohoan, kaos kanggo mang Ayat dek
pasihkeun minggon ieu oge?

hatur nuhun
baktos akos

*hade ngaran anyar teh kang..kenging timana tateh?

> --- In [email protected], Jalak Pakuan
> <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> > Haturkeun ka baraya sadaya:
> > Aya rencana tepang jeung Mang Ayat ka 2 di poe
> Saptu/Minggon ieu
> (8/9 Jan.) Waktos nu paheut mah nuju dikonfirmasi ku
> Kang Rachmat ka
> Mang Ayat. Ari tempat mah rupin tos paheut di Lab.
> TV, FISIP UI -
> Depok. Supaya kaala mangpaat nu mucekil, atuh urang
> soson-soson
> nyiapkeun, diantawisna:
> > 1. Materi bahan nu bade didugikeun. Ari materi nu
> bade didugikeun
> tumali jeung sunda/kasundaan ti jaman Tarumanagara
> dugi ka memeh
> runtagna Padjadjaran;
> > 2. Ka US nu bade ngaluuhan mangga diantos. Atuh ka
> US nu teu tiasa
> ngaluuhan mangga dugikeun materi ku ditembrakeun di
> bakus ieu.
> >
> > salam
> > Jalak Pakuan


Do you Yahoo!?
All your favorites on one personal page � Try My Yahoo!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke