Satuju ka JURUS KA-2, sabab tarjamahan Sunda nu kuring
teu kabawa ka Dijon, he he... Jadi kumaha tah...?
Saurang sa-juz? Sok bagi-bagi atuh, trus dikumpulkeun
ka Hasan, nya? Kuring siap sa-juz lah, insya Allah.
Nulisna make naon? Word, Latex, Notepad, atawa...?

AJ
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> neruskeun sawala kamari, nu make jejer "jampe
> pamake".
> maksudna mah jampe pamake keur milu ulubiung
> ngeuyeuban bahan bacaan kasundaan. sakalian
> merelekeun
> naon anu ngancik dina pikiran. bener jiga nu tulis
> ku
> kang tirta, maksudna ngeuyeuban (volume) bahan
> bacaan
> jeung ngarojong remen pagiling-gisik (frekuensi)
> make
> bahan nu nyampak di urang. 
> 
> ari idena mah taya lian, ngocal-ngocal cara DIAJAR
> BABARENGAN jeung DIGAWE BABARENGAN make jurus
> sumanget
> "ti kisunda, ku kisunda, keur kisunda". salah
> sahijina
> nyaeta narjamahkeun pustaka ti basa lain ka basa
> sunda. 
> 
> tah keur saheulaanan kuring ngajak ka baraya urang
> nyieun transkripsi tarjamah AL-QURAN ku basa sunda.
> jurusna bisa make dua jalan.
> 
> JURUS KA-1
> ----------
> jiga nu ditepikeun ku si panganten anyar, nyaeta 
> nyalin tarjamahan nu geus aya (misalna terbitan CV
> Diponegoro atawa Pusaka) ka bentuk digital. engkena
> bisa disimpen online di internet. 
> 
> JURUS KA-2
> ----------
> narjamahkeun tarjamah AL-QURAN terbitan DEPAG nu
> make
> basa indonesia ka basa sunda. jadi lain narjamahkeun
> tina teks Al-QURAN langsung, da puguh kuring oge
> sadar
> teu cukup elmu pangaweruhna. 
> 
> jurus ka-2 boga sababaraha manfaat, diantarana:
> 
> 1. manfaat NGAJI
> ngaderes maca quran, bari sakalian neuleuman
> hartina.
> ceuk ustad di lembur, cenah nilai ngaji teh,
> diitungna
> oge tiap aksara. 
> 
> 2. manfaat DIAJAR BASA SUNDA
> cenah ceuk tukang ngajar, salah sahiji cara diajar
> nu
> paling efektif, nyaeta langsung dipake kana gawe anu
> nyata. carana, nyaeta salin tarjamah al-quran tina
> basa indonesia ka basa sunda.
> 
> 3. bebas HAKI
> kulantaran tarjamah quran basa indonesia mah, boga
> nagara, nya teu kudu hariwang perkara HAKI. 
> 
> tangtu jurus ka-2 aya kalemahanana. tapi aya ubarna.
> carana kieu. misalna geus aya tim trankripsi
> alquran.
> tiap urang anggap we narjamahkeun 10 ayat. tangtu
> hasilna moal saragam, sabab tiap jalma tangtu
> beda-beda kamampuhna. tah eta hasil tarjamah teh
> lain
> hasil akhir. tapi urang padungdengkeun di milis,
> urang
> koreksi ku sarerea. tah lebeh dieu, taya lian
> mibanda
> nilai edukasi, diajar bari digawe tea. tangtu ulah
> unggal poe, misalna dipostingkeun tiap tarjamahan
> saminggu sakali. sugan lebaran tahun hareup baris
> rengse. 
> 
> tah kitu baraya, geus aya nu sadia si panganten
> anyar.
> cing saha deui anu sadia. upama cukup baladna urang
> jieun rangka gawena.
> 
> keur panganten anyar, geura ganti "avatar" teh ulah
> "kumincir" wae atuh ayeuna mah. naha "waliwis bodas"
> atawa "dadali ireng". pan "jalak harupat", jeung
> "jalak pakuan" geus aya. ngan ulah soteh "suit
> uncuing" atawa "koreak". hehe.
> 
> salam,
> mh
> 
> 
> =====
> bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
> hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less. 
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke